ASAL USUL KOTA SUKABUMI PAKU JAJAR DI GUNUNG PARANG

Ku : Endang Sumardi

Nyusuk catur munday carita karuhun

Pagadungan papantunan

Padjadjaran séséléh kana papastén

teungteuingeun musuh taya rasrasan

deudeuh teuing nu geulis Nyi Pudak Arum

pasini henteu ngajadi

Paku Jajar di Gunung Parang gugupay

ngaharéwos talatah Ki Wangsa Suta

Tegal Kolé waris salin ngaran

Sukabumi dayeuh manggung

Tah éta téh rumpaka tembang atawa lagu Paku Jajar Di Gunung Parang, yasana salah saurang sastrawan sakaligus budayawan Kota Sukabumi, almarhum Ki Anis Djatisunda, anu ngabogaan sandi asma atawa ngaran samaran Ki Rakéan Puraga Sastra.

Numutkeun Ki Anis Djatisunda, éta rumpaka lagu téh dijieun tina carita dongéng kajadian atawa asal-usul Kota Sukabumi, nya éta Paku Jajar di Gunung Parang, anu kajadianana kira-kira dina zaman Padjadjaran Runtag atawa Runtuh, nya éta dina abad ka-16, alatan digempur ku pasukan Kasultanan Banten, anu dibantuan ku pasukan ti Kasultanan Cirebon jeung Kasultanan Demak.

Salajuna Ki Anis Djatisunda ngajéntrékeun, wewengkon Sukabumi téh pernahna ti mimiti suku Gunung Gedé nepi ka suku Gunung Salak. Sarta dina zaman harita mah, disebutna ogé Tatar Pagadungan, atawa Kabupatén Pagadungan. Aya ogé nu nyebut Tanah Awatan Pagadungan jeung Papanah Awatan Pagadungan. Ěta tatar atawa wewengkon téh, aya dina kakawasaan Padjadjaran Tengah, wewengkon Bogor. Dina waktu Padjadjaran digempur ku pasukan Kasultanan Banten, anu dibantuan ku pasukan ti Kasultanan Cirebon jeung Kasultanan Demak, tatar Pagadungan ogé henteu luput digempur ku éta pasukan.

Ari puseur Kabupatén Pagadungan téh, atawa leuwih kasohorna disebut Kadatuan Pamingkis, pernahna di wewengkon Gunung Walat, deukeut wewengkon Cibadak ayeuna. Ngan basa digempur ku éta pasukan téh, puseur Kabupatén Pagadungan téh ancur lebur dihuru ku éta pasukan téa. Sedengkeun anu jadi Bupati atawa Datu dina mangsa harita, nya éta Ki Ranggah Bitung, anu ngabogaan garwa katelah Nyai Radén Puntang Mayang.

Lian ti éta ogé dijéntrékeun, basa puseur Kabupatén Pagadungan digempur  téh, Bupati atawa Datu Ki Ranggah Bitung gugur di medan tempur perlaya di medan perang. Sedengkeun garwana Nyai Radén Puntang Mayang, dina mangsa harita téh keur kakandungan ku putra cikalnna.

Sangkan Nyai Radén Puntang Mayang salamet, nya dibawa ngungsi ka sababaraha wewengkon, ku Jaro atawa Lurah Kadatuan Pamingkis, nya éta Ki Jaro Loa Kutud jeung garwana Nini Rumpay Tanggeuy Ringsang. Mititina ka Gunung Bongkok, anu ayana di wewengkon Cibadak. Di Gunung Bongkok, Ki Jaro Loa Kutud jeung garwana, meunang katerangan ti Resi Tutug Windu, yén Nyai Radén Puntang Mayang téh kudu dibawa ngungsi ka Gunung Sunda, anu pernahna di wewengkon Palabuhan Ratu. Sanggeus meunang katerangan ti Resi Tutug Windu, Nyai Radén Puntang Mayang téh ku Ki Jaro Loa Kutud jeung garwana dibawanya ka éta gunung.

Ngan di satengahing perjalanan, cindekna di salah sahiji leuweung, Ki Jaro Loa Kutud jeung garwana katut Nyai Radén Puntang Mayang, manggihan hiji budak lalaki, anu rupana kacida goréngna, lantaran beungeutna jiga Monyet. Sedengkeun umur éta budak téh, kira-kira antara 6 nepi ka 7 taun.

Sanggeus ditanya ku Ki Jaro Loa Kutud jeung garwana katut ku Nyai Radén Puntang Mayang, ngeunaan ngaran éta budak jeung ti mana asal-usulna katut saha-sahana ngaran indung jeung bapana, éta budak téh teu ngajéntrékeun, ngan ukur ngajéntrékeun ayana di éta leuweung téh, alatan aya nu mawa ku salah saurang jalma, cindekna basa lemburna dihuru ku pasukan Kasultanan Banten, anu dibantuan ku pasukan ti Kasultanan Cirebon jeung Kasultanan Demak téa.

Ki Jaro Loa Kutud jeung garwana katut Nyai Radén Puntang Mayang, ngabogaan kayakinan, yén éta budak téh lain budak sakumaha ilaharna karéréan budak, nya pamustunganana mah éta budak téh dibawa ngungsi ka Gunung Sunda.

Di pangungsian di Gunung Sunda, Ki Jaro Loa Kutud jeung garwana Nini Rumpay Tanggeuy Ringsang, kacida mikanyaah sakaligus ngaraksa jeung ngariksa katut ngaping ngajaring ka Nyai Radén Puntang Mayang anu sahadé-hadéna kalawan daria, tug nepi ka ngababarkeunana budak awéwé, anu dingaranan Nyai Radén Pudak Arum. Aya ogé anu nyebut Nyai Arum Pudak Saloyang. Ěta ngaran budak téh dicokot tina ngaran kembang Jaksi, anu disebut Pudak. Sedengkeun Arum dicokot tina Harum atawa Seungitna Kembang Jaksi. Ěta ngaran téh bisa dihartikeun Kembang Jaksi anu Seungit.

Kitu deui budak lalaki anu meunang nimu ti hiji leuweung téa, sarua diraksa jeung diriksa katut diaping jeung dijaring anu sahadé-hadéna kalawan daria, ku Ki Jaro Loa Kutud jeung garwana Nini Rumpay Tanggeuy Ringsang, kaasup ku Nyai Radén Puntang Mayang, sarta dingaranan Wangsa Suta.

Kulantaran Nyai Radén Pudak Arum jeung Wangsa Suta téh hirup jeung digedékeun babarengan di tempat sarta ku jalma-jalma anu sarua, dina mangsa nincak déwasa téh, éta kadua budak téh silih pikanyaah, silih asah, silih asih jeung silih asuh, anu pamustunganana pada-pada ragrag jeung ngarasa tresna, sarta pada-pada ngedalkeun jangji pasini arék hirup babarengan, anu baris dibeungkeut jeung pungkas ku hirup babarengan ngambah dunya anyar, nya éta dunya panganténan.

Ngan saacanna Wangsa Suta ngawujudkeun jangjina jeung Nyai Radén Pudak Arum téa, Wangsa Suta hayang ngalalana néangan élmu pangaweruh jeung ngulik pangarti heula dina sagala widang. Nya sanggeusna diijinan ku Ki Jaro Loa Kutud jeung garwana Nini Rumpay Tanggeuy Ringsang, kaasup ku Nyai Radén Puntang Mayang jeung Nyai Radén Pudak Arum, Wangsa Suta miang ngasruk leuweung, turun gunung unggah gunung, anu pamustunganana nepi ka sala sahiji leuwung, anu pernahna di sabeulah kiduleun Gunung Walat, cindekna deukeut wewengkon Cikembar ayeuna.

Di éta leuweung, Wangsa Suta papanggih jeung salah saurang resi, anu katelah Resi Saradéa. Sanggeus ngajéntrékeun jeung nepikeun pamaksudanana ka Resi Saradéa, Wangsa Suta ditarima jadi murid Resi Saradéa, sarta diajarkeun mangrupa-rupa élmu pangaweruh jeung kaparigelan, kaasup élmu kasaktén atawa kasaktian, élmu ngawangun, élmu perang jeung sajabana.

Dina hiji poé, sanggeusna Wangsa Suta mibanda mangrupa-rupa élmu pangaweruh jeung kaparigelan sarta kasaktén anu cukup, Resi Saradéa ménta ka Wangsa Suta, sangkan saacanna ngawujudkeun jangjina, nya éta panganténan atawa ngawangun rumah tangga jeung Nyai Radén Pudak Arum, Wangsa Suta kudu nyieun heula hiji kampung atawa lembur, anu pernahna di Gunung Parang, cindekna di hiji tempat anu déngdék ka beulah kidul, atawa leuwih jéntréna cirina aya tangkal Kiara Kembar jeung tangkal Paku Jajar anu dahanna lima, sarta loba tangkal Kole atawa Cau Leuwung, anu daunna ungu jeung kembangna héjo. Sanggeus éta tempat katimu, Wangsa Suta langsung nyieun kampung atawa lembur, luyu jeung paménta ku Resi Saradéa.

Nurutkeun katerangan ti sajumlah sumber anu ditepikeun deui ku almarhum Ki Anis Djatisunda, éta tangkal Kiara Kembar téh, ayana di sabudeureun Lapangan Merdeka Kota Sukabumi ayeuna. Sedengkeun tangkal Paku Jajar anu dahanna lima mah, ayana di sisi Jalan Martadinata Kota Sukabumi ayeuna, cindekna dina lahan anu ayeuna digunakeun wangunan HBC (Home Builders Center) Sukabumi.

Tunda lalampahan Wangsa Suta, ayeuna urang nyaritakeun deui Nyai Radén Pudak Arum. Basa ditinggalkeun ku Wangsa Suta ngalalana néangan élmu pangaweruh jeung kaparigelan téh, ngaran jeung kageulisan Nyai Radén Pudak Arum sumebar ka saban madhab jeung wewengkon, anu pamustunganana réa bangsawan jeung para gegedén ngabogaan tekad jeung hayang ngawin ka Nyai Radén Pudak Arum.

Dina hiji poé, datang sala saurang utusan Demang Sukamukti, anu maksud jeung tujuanana nya éta ngalamar ka Nyai Radén Pudak Arum, pikeun dijadikeun selir éta demang. Dina kasempetan éta, boh Ki Jaro Loa Kutud jeung garwana Nini Rumpay Tanggeuy Ringsang, boh Nyai Radén Puntang Mayang, henteu bisa nangtukeun kacindekan kana kahayang éta demang téh, sabab Nyai Radén Pudak Arum téh geus ngabogaan beubeureuh sarta geus pada-pada ngedalkein jangji pasini rék hirup babarengan jeung Wangsa Suta. Nya pamustunganana mah, arinyana masrahkeun sapinuhna ka Nyai Radén Pudak Arum.

Ku Nyai Radén Pudak Arum, lamaran éta demang téh ditolak sacara lemes jeung malapah gedang, alatan inyana geus boga beubeureuh sarta geus jangji pasini jeung Wangsa Suta. Ngan hanjakal, utusan éta demang téh henteu miroséa kana panolak anu ditepikeun ku Nya Radén Pudak Arum, sarta éta utusan keukeuh peuteukeuh sarta maksa sacara kasar, anu pamustunganana jadi paséa jeung Nyai Radén Pudak Arum.

Ku sabab Nyai Radén Pudak Arum téh ngarupakan sala saurang wanoja tomboy, atawa wanoja anu gedé kawani jeung kuat sarta ngabogaan élmu kasaktén anu luar biasa, pamustunganana Nyai Radén Pudak Arum téh bisa ngarebut keris bobogaan utusan demang téa, anu saterusna éta keris téh dipiley-pileykeun nepi ka ampir potong, dihareupeun panon utusan demang téa, anu ahirna utusan éta demang téh ngarasa reuwas jeung éra anu taya papadana.

Ngan hanjakal, sok sanajan Nyai Radén Pudak Arum ngabogaan élmu kasaktén anu luar biasa, pamustunganana mah bisa kacerek sakaligus dibawa ku utusan demang téa, pikeun disébakeun ka Demang Sukamukti. Ngan anéh bin ajaib. Sabab basa Nyai Radén Pudak Arum rék dikawin, Demang Sukamukti téh ngadadak tilar dunya,  anu ahirna Nyai Radén Pudak Arum téh salamét sarta bisa lolos nyalametkeun diri.

Béja ngeunaan kageulisan Nyai Radén Pudak Arum téh, oge nepi ka para bangsawan beunghar, hususna anu dumuk di lembur Padabeunghar ayeuna. Ari anu jadi sabab-musababna disebut Padabeunghar téh, lantaran di éta lembur téh, réa bangsawan beunghar. Ěta hal téh luyu jeung ngaran éta lembur, nya éta Padabeunghar, atawa pangeusina éta lembur téh pada-pada beunghar.

Ěta para bangsawan téh, pada-pada hayang ngawin ka Nyai Radén Pudak Arum. Ngan nya kitu nasib éta para bangsawan téh, henteu jauh jeung nasib Demang Sukamukti, nya éta satiap éta para bangsawan rék ngawin Nyai Radén Pudak Arum téh, pada-pada ngadadak tilar dunya.

Kitu deui nasib anu kaalaman ku sala saurang jalma beunghar, anu katelah Ki Puru Sastra, anu tinekanan ngawin Nyai Radén Pudak Arum, basa rék saré bareng jeung Nyai Radén Pudak Arum, Ki Puru Sastra ogé ngadadak tilar dunya.

Lian ti éta, ogé sala saurang haji anu dumuk di wewengkon lembur Cantayan, anu ngabogaan garwa leuwih ti 20 urang, anu katelah Haji Ijamal’an, basa rék ngalamar Nyai Radén Pudak Arum, di satengahing jalan disamber gelap atawa guludug, nepi ka harita kénéh ogé tilar dunya ngemasing pati. Perlu dijelaskeun, dina mangsa harita, di Tatar Pagadungan téh geus réa haji, lantaran agama Islam geus asup, sarta anu nganutna ogé geus réa.

Salajuna béja ngeunaan kageulisan jeung kasaktén Nyai Radén Pudak Arum sarta geus réa korban lalaki anu tilar dunya ngadadak téh, dina hiji poé nepi ka Demang atawa Lurah Mangkalaya, anu katelah Demang Kartala, cindekna di wewengkon Cisaat ayeuna. Ěta Demang téh ngabogaan sala saurang sesepuh urang Jawa sakaligus dijenengkeun panaséhat éta demang, anu ngaranna katelah Sakatana.

Numutkeun pamanggih Sakatana, éta wanoja anu katelah Nyai Radén Pudak Arum téh, leuwih hadé dipaténi, lantaran matak sangar atawa matak apes jeung cilaka. Urang cokot ringkesna waé, nya pamustunganana mah Nyai Radén Pudak Arum téh dicerek, kalayan dua leungeun jeung sukuna ditalian, arék dihukum pati, ku cara ditigas beuheungna.

Ayeuna urang nyaritakeun deui Wangsa Suta, anu harita keur nyieun lembur di Gunung Parang. Dina mangsa harita, Wangsa Suta dadak sakala hayang indit ka wewengkon Mangkalaya, sabab ngarasa teu genah hate jeung inget waé ka Nyai Radén Pusak Arum. Ngan basa jol nepi ka wewengkon Mangkalaya, Wangsa Suta ngarasa hémeng jeung reuwas anu taya papadana jeung babandinganana, sabab meunang béja, yén Nyai Radén Pudak Arum téh arék dihukum pati ku cara beuheungna ditigas, paréntah Demang Mangkalaya. Ngan basa sala saurang logojo arék nigas beuheung Nyai Radén Pudak Arum ku bedog sagel-geleun, Nyai Radén Pudak Arum bisa disalametkeun ku Wangsa Suta, bari diharéwosan sangkan Nyai Radén Pudak Arum téh buru-buru indit jeung nungguan di Gunung Parang, cindekna di handapeun tangklal Paku Jajar anu dahanna lima.

Sanggeus ngaharéwosan Nyai Radén Pudak Arum, Wangsa Suta saterusna galungan jeung sala saurang logojo. Tapi basa Wangsa Suta keur ragot galungan téh, Nyai Radén Pudak Arum bisa dicerek deui ku dua urang logojo séjénna. Salajuna kadua leungeun jeung sukuna ditalian. Saterusna diasupkeun kana jero karung, sarta ditalian kuat pisan, anu salajuna dibawa sakaligus dijual ka Pulo Putri. Tapi aya ogé anu nyebutkeun ka Kapuloan Sarebu, anu cindekna aya di teluk Jakarta, bari teu kanyahoan ku Wangsa Suta. Sabab Wangsa Suta, harita keur ragot galungan jeung sala saurang logojo téa. Sedengkeun pikiran Wangsa Suta, yén Nyai Radén Pudak Arum téh geus lumpat nyalametkeun diri, sarta geus nepi nungguan di Gunung Parang.

Sanggeusna hasil maténi sala saurang logojo téa, Wangsa Suta gagancangan indit ka Gunung Parang, arék nepungan Nyai Radén Pudak Arum. Ngan sanggeusna nepi ka Gunung Parang, Wangsa Suta kacida ngarasa héran jeung reuwasna, lantaran Nyai Radén Pudak Arum téh taya di éta tempat. Saterusna Wangsa Suta téh ngembat anu jadi guruna, Resi Saradéa téa, ku jalan ngagunakeun atawa ngawatek elmu panému jampé pamaké, anu harita dumuk di Gunung Arca, cindekna henteu tidak jauh ti Pasir Bedil, atawa aya di sabeulah kuloneun wewengkon Cijangkar Nyalindung ayeuna. Ari pindahna padumukan Resi Saradéa ti hiji leuweung ka eta gunung téh, méh bareng jeung Wangsa Suta, basa indit rék nyieun lembur di Gunung Parang téa.

Sanggeusna diembat, Resi Saradéa téh datang nepungan Wangsa Suta, bari nyarita anu eusina ménta ka Wangsa Suta, sangkan ulah néangan jeung mikiran Nyai Radén Pudak Arum. Sabab Nyai Radén Pudak Arum téh keur diutus ku waktu jeung diparéntah ku zaman.

Salian ti éta, Resi Saradéa ogé ménta ka Wangsa Suta, supaya nunggu waktu ngadagoan mangsa balikna deui Nyai Radén Pudak Arum ka Gunung Parang, anu waktu jeung zamanna enggeus béda jeung ganti, nya éta saupamana Gunung Parang geus pinuh ku imah, jeung Tegal Kolé geus robah jadi Kota.

Dina mangsa éta, numutkeun Resi Saradéa, baris aya sala saurang wanoja geulis, anu resep ngaping jeung ngajaring masarakat, hususna masarakat anu keur meunang bangbaluh jeung kabingung, boh lahir boh batin, sarta henteu petot-petot méré pépéling jeung motivasi sakaligus ngagedéan haté kaum wanoja, utamana ka para wanoja anu meunang bangbaluh jeung kabingung, alatan meunang panyiksa ti salakina. Ěta wanoja téh, numutkeun Resi Raradéa mah, titisan Nyai Radén Pudak Arum. Tah dina mangsa éta, antara Wangsa Suta jeung Nyai Radén Pudak Arum téh baris papanggih jeung ngahiji deui. Wallahu alam bishawab! Cag!