TILU TAUN KA TUKANG BANK INDONÉSIA NGAGULIRKEUN PROGRAM GNNT

Reporter : ENDANG SUMARDI

Walikota Sukabumi, H. Mohamad Muraz, S.H., M.M. nandeskeun, tilu taun ka tukang, cindekna tanggal 14 Agustus 2014, Bank Indonésia ngagulirkeun program GNNT (Gerakan Nasional Non Tunéy). Maksud jeung tujuanana, supaya transaksi kauangan leuwih réa ngagunakeun non tunéy, sabab catetan transaksi jadi leuwih jelas, antara pangirim jeung panarima, anu ahirna bisa nguatan kana good governance atawa kaparéntahan anu hadé jeung bisa nyiptakeun transparansi. Diantarana kana poténsi jeung bisa ngaronjatkeun pendapatan pajeg nagara jeung daérah, ngagampangkeun jeung ngagancangkeun dina ngalaksanakeun transaksi tanpa mawa duit tunéy, nyegah sumebarna jumlah duit palsu jeung waragad handling atawa pangalolaan duit tunéy. Panandesan Walikota Sukabumi éta téh, ditepikeun dina biantara basa muka sacara resmi Sosialisasi Implementasi Transaksi Non Tunéy di lingkungan Pamaréntah Kota Sukabumi, cindekna tanggal 30 Nopémber 2017, di Hotél Maxoné Kota Sukabumi.

Salajuna dijelaskeun, dina bulan Nopémber 2017 ieu, Walikota Sukabumi geus ngaluarkeun instruksi ka sakumna SKPD (Satuan Kerja Parangkat Daérah) di lingkungan Pamaréntah Kota Sukabumi, ngeunaan palaksanaan transaksi kauangan sacara non tunéy, dina ngalaksanakeun transaksi balanja pagawé, boh balanja langsung bph balanja teu langsung, nya éta balanja barang jeung jasa sarta balanja sosial anu ajénna leuwih ti Rp. 5 juta, sarta transaksi panarimaan pendapatan daérah anu ajénna leuwih ti Rp. 1 juta.

Ěta Instruksi Walikota Sukabumi téh, lain ngan saukur sabagé tindak laju tina Inpres (Instruksi Persidén) Nomer 10 Taun 2016 ngeunaan Aksi PPK (Pencegahan jeung Pemberantasan Korupsi), sarta Surat Ědaran Mendagri (Mentri Dalem Negri), tapi ngarupakeun bagian tina usaha Pamaréntah Kota Sukabumi, pikeun terus ngoméan sistim tata kalola kauangan daérah. Lantaran hasilna pangwangunan di daérah téh, teu leupas tina aspék pangalolaan kauangan anu dikalola sacara tartib, taat kana aturan jeung undang-undang, éfisién, éféktif, transparan jeung tanggungjawab.

Lian ti éta, sakumna SKPD di lingkungan Pamaréntah Kota Sukabumi, kudu salawasna milu jeung nurut kana kamekaran téknologi informasi, kaasup dijerona masalah transaksi kauangan, anu ampir sagemblengna diarahkeun jeung dipuseurkeun kana basis non tunéy. Saterusna Walikota Sukabumi cumeluk ka sakumna pihak, hususna anu sacara langsung aya kaitanana jeung palaksanaan transaksi non tunéy pikeun nyiapkeun diri, diantarana pihak bank, sangkan nyadiakeun insfrastruktur sarta sistim pangalolaan transaksi non tunéy.

Disagigireun ti éta, Walikota Sukabumi ogé ngaharepkeun ka para Kapala SKPD salaku Pangguna Anggaran, sangkan salawasna ngalaksanakeun komitmen pikeun salawasna ngarahkeun Kawasa Pangguna Anggaran jeung Bendahara Pangaluaran, hususna dina mayar transaksi non tunéy. Tah ku ayana éta hal téh, para Bendahara Pangaluaran kudu nyiapkeun diri sacara téknis, ti mimiti ngalaksanakeun transaksi non tunéy kana sababaraha jenis balanja, kaasup ngalaksanakeun gawé bareng jeung pihak bank dina nyiapkeun instrumén transaksi non tunéy, mangrupa alat keur mayar ku ngagunakeun kartuh cék, duit éléktronik jeung sajabana.

Sedengkeun Kapala Widang PSDM-IP (Pangembangan Sumber Daya Manusa jeung Informasi Pagawé) BKP-SDM (Badan Kapagawéan jeung PSDM) Kota Sukabumi, Dédi Permana, S.IP., salaku Pupuhu Panata Calagara ngajelaskeun, jumlah pamilon Sosialisasi Implementasi Transaksi Non Tunéy di lingkungan Pamaréntah Kota Sukabumi ieu téh, sagemblengna aya 142 urang, anu ngawengku ti para Pajabat Luhur salaku Pangguna Anggaran, Pajabat Administrator salaku Kawasa Pangguna Anggaran sarta Bendahara Pangaluaran ti masing masing SKPD, anu nara sumberna Dirjén BAKD Kemendagri RI jeung Kapala Kantor Cabang Bank Jabar Banten Sukabumi.

Anapon maksud jeung tujuan dilaksanakeunana ieu sosialisasi téh, nya éta pikeun méré pamahaman kawijakan transaksi kauangan sacara non tunéy, dina ngalaksanakeun rupa-rupa jenis balanja tina APBD (Anggaran Pendapatan jeung Balanja Daérah) Kota Sukabumi, sabagé bagian tina strategi nasional dina nyegah jeung ngabasmi korupsi.