
Reporter : ARIF HIDAYAT
Redaktur/Editor : ENDANG SUMARDI
Pikeun ngahangkeutkeun jeung ngaronjatkeun pangwangunan, Pamaréntah Kota Sukabumi katut Perumda (Perusahaan Umum Daérah) di lingkungan Pamaréntah Kota Sukabumi, ngalaksanakeun panandatanganan gawé bareng jeung Kajaksaan Negri Sukabumi dina widang hokum, cindekna tanggal 27 Agustus 2019, di Hotél Maxoné Kota Sukabumi.
Anapon nu hadir dina kasempetan éta, Wali Kota Sukabumi, H. Achmad Fahmi, Wakil Wali Kota Sukabumi, H. Andri S. Hamami, S.H., M.H., Kapala Kajaksaan Negri Sukabumi, Hj. Ganora Zarina, S.H., M.H., katut Sekertaris Daérah Kota Sukabumi, Drs. H. Dida Sembada, M.M.
Dina biantarana, Wali Kota Sukabumi nandeskeun, Pamaréntah Daérah wajib ngahangkeutkeun jeung ngaronjatkeun pangwangunan, pikeun méré jeung ngaronjatkeun ajén palayanan ka masarakat. Salajuna ditandeskeun, ku dilaksanakeunnana panandatanganan gawé bareng jeung Kajaksaan Negri Sukabumi téh, jadi sala sahiji pangdorong jeung panghudang sumanget dina ngahangkeutkeun jeung ngaronjatkeun pangwangunan.
Sedengkeun Asistén Pamaréntahan Setda Kota Sukabumi salaku Pupuhu Panata Calagara Kagiatan, Drs H. Andri Setiawan, M.M. ngajelaskeun, maksud jeung tujuan dilaksanakeunnana panandatanganan gawé bareng antara Pamaréntah Kota Sukabumi jeung Kajaksaan Negri Sukabumi téh, dina raraga kordinasi dina widang Hukum Perdata jeung Hukum Tata Usaha, sarta pikeun ngaronjatkeun hubungan anu hadé antara aparatur Pamaréntah Kota Sukabumi jeung Kajaksaan Negri Sukabumi dina nanjeurkeun hukum.
Ieu kagiatan téh diiluan ku 60 ASN (Aparatur Sipil Nagara) di lingkungan Pamaréntah Kota Sukabumi, anu ngawengku ti para Kapala SKPD (Satuan Kerja Parangkat Daérah), para Camat jeung Pingpinan Perumda. Anapon panandatanganan éta gawé bareng téh, dilaksanakeun sacara simbolis ku Wali Kota Sukabumi jeung Kapala Kajaksaan Negri Kota Sukabumi, disaksian ku Wakil Wali Kota katut Sekertaris Daérah Kota Sukabumi.