
Reporter : ARIF HIDAYAT
Redaktur/Editor : ENDANG SUMARDI
Sajumlah 35 urang Anggota DPRD Kota Sukabumi pariodeu taun 2019-2024, geus diistrénan sacara resmi, dina Rapat Paripurna Pangucapan Sumpah jeung Jangji Anggota DPRD Kota Sukabumi, anu dipingpin ku Ketua Pangadilan Negri Sukabumi, Kristijan Purwandono Djati, cindekna tanggal 2 Séptémber 2019, di Gedong Anton Soédjarwo Setukpa Lemdiklat Polri Sukabumi.
Anapon nu hadir dina kasempetan éta, Wali Kota Sukabumi, H. Achmad Fahmi, Wakil Wali Kota Sukabumi, H. Andri S. Hamami, S.H., M.H., unsur Forkopimda (Forum Komunikasi Pimpinan Daérah) Kota Sukabumi, Sekertaris Daérah Kota Sukabumi, Drs. H. Dida Sembada, M.M., Ketua katut Wakil Ketua TP PKK sarta Ketua DWP (Dharma Wanita Pasatuan) Kota Sukabumi, para Asistén Setda Kota Sukabumi, para Kapala OPD (Organisasi Parangkat Daérah) jeung instansi vértikal, para Camat jeung Lurah, sarta para tamu ondangan lianna.
Wali Kota Sukabumi, H. Achmad Fahmi, dina kasempetan éta nepikeun biantara Gubernur Jawa Barat, diantarana amanat ka sakumna Anggota DPRD Kota Sukabumi, sangkan dina ngalaksanakeun tugas jeung amanah sabagé wakil rahayat kudu mampuh gawé bareng sacara hadé jeung pamaréntah, pikeun ngawujudkeun kasajahtraan masarakat. Salian ti éta, ogé kudu salawasna ngareungeukeun jeung ngawujudkeun harepan jeung kahayang masarakat.
Salajuna dina bagian séjén biantarana, nya éta ngahaturkeun nuhun jeung pangajén anu saluhur-luhurna ka sakumna Anggota DPRD Kota Sukabumi pariodeu taun 2014-2019, kana sagala rupa pangabdian jeung dédikasina dina ngalaksanakeun tugas jeung amanah sacara hadé jeung optimal, luyu jeung katangtuan aturan katut undang-undang anu ditetepkeun.
Anapon ka 35 urang Anggota DPRD Kota Sukabumi pariodeu taun 2019-2024 téh, nya éta 6 urang ti Partéy Gerindra, 6 urang ti Partéy Golkar, 5 urang ti PKS, jeung 5 urang ti Partéy Démokrat. Saterusna 4 urang ti PDI Pajoangan, 3 urang ti Partéy Nasdem, 3 urang ti PAN, 2 urang ti PPP, jeung saurang ti Partéy Hanura. Sedengkeun Pingpinan Saheulaanan DPRD Kota Sukabumi, nya éta Momi Soraya ti Partéy Gerindra, jeung Wakil Pingpinan Saheulaanan DPRD Kota Sukabumi, nya éta Jona Arizona ti Partéy Golkar.