PAMARÉNTAH KOTA SALATIGA NGALAKSANAKEUN KUNKER KA PAMARÉNTAH KOTA SUKABUMI

Reporter/Redaktur/Editor : ENDANG SUMARDI

Pamaréntah Kota Salatiga ngalaksanakeun Kunker (Kunjungan Kerja) ka Pamaréntah Kota Sukabumi, dina raraga studi banding ngeunaan Pangalolaan Kahumasan, Pangalolaan Médsos (Média Sosial) jeung LPPL (Lembaga Panyiaran Publik Lokal) Radio, cindekna tanggal 29 Oktober 2019. Lantaran Pamaréntah Kota Sukabumi diajén sabagé sala sahiji daérah anu hadé, dina ngalaksanakeun pangalolaan éta hal.

Kadatangan rombongan Pamaréntah Kota Salatiga anu dipingpin ku Wakil Wali Kota Salatiga, Muhammad Haris katut Asistén Administrasi Umum Setda Kota Salatiga, Drs. Y. Tri Nugroho sarta para jurnalis anu mancén di Kota Salatiga téh, dibagéakeun sarta ditarima sacara resmi ku Wakil Wali Kota Sukabumi, H. Andri S. Hamami, S.H., M.H., di Rohangan Utama Balé Kota Sukabumi.

Anapon nu hadir dina kasempetan éta, Asistén Pamaréntahan Setda Kota Sukabumi, Drs. H. Andri Setiawan, M.M., para Kapala katut Pajabat OPD (Organisasi Parangkat Daérah) nu aya tumalina, para Wartawan nu mancén di Kota Sukabumi, sarta para tamu ondangan lianna.

Dina kasempetan éta Wakil Wali Kota Sukabumi ngajelaskeun, pangalolaan kahumasan di Kota Sukabumi dilaksanakeun ku cara nguntun hubungan anu hadé jeung para jurnalis. Salian ti éta ogé ku cara ngagampangkeun aksés béwara ngeunaan warta di Kota Sukabumi, ngaliwatan Katerangan Pers jeung optimalisasi peran Médsos Kahumasan Kota Sukabumi. Malah dina Pangalolaan Médsos mah, Kota Sukabumi kapeto jadi Juara Katiga Tingkat Jawa Barat Taun 2019. Salajuna Wakil Wali Kota Sukabumi ngajelaskeun, kadatangan rombongan ti Pamaréntah Kota Salatiga ka Pamaréntah Kota Sukabumi téh, pikeun silih bagi pangalaman jeung wawasan dina ngaronjatkeun palayanan jeung pangalolaan kahumasan.

Sedengkeun Wakil Wali Kota Salatiga ngajelaskeun, kadatangan rombongan Pamaréntah Kota Salatiga ka Pamaréntah Kota Sukabumi téh, dina raraga kunker jeung silaturahmi sakaligus studi tiru ngeunaan pangalolaan média komunikasi sarta hubungan jeung wartawan. Disagigireun ti éta, ogé pikeun silih tukeur béwara ngeunaan pangalolaan médsos jeung LPPL Radio.

Leave a Reply