WALI KOTA SUKABUMI MUJI PSM KOTA SUKABUMI

Reporter/Redaktur/Editor : ENDANG SUMARDI

Wali Kota Sukabumi, H. Achmad Fahmi, muji PSM (Pekerja Sosial Masarakat) Kota Sukabumi, anu geus ngalaksanakeun Bhakti Sosial Ibun (Infaq Bulanan) PSM Kota Sukabumi, nya éta masrahkeun santunan ka masarakat anu kurang mampuh, di Rohangan Pasamoan Kalurahan Gedong Panjang, Kacamatan Citamiang, Kota Sukabumi, cindekna tanggal 15 Januari 2020.

Ěta bhakti sosial téh ngarupakeun anu kadua kalina. Sabab saméméhna geus dilaksanakeun di Kalurahan Warudoyong, Kacamatan Warudoyong, Kota Suklabumi, nya éta dina tanggal 11 Séptémber 2019 nu geus kaliwat.

Ku kituna, Wali Kota Sukabumi kalayan asmana Pamaréntah Kota Sukabumi, ngahaturkeun nuhun ka sakumna Anggota PSM Kota Sukabumi, anu geus nyisihkeun inséntif ngaliwatan Ibun PSM, pikeun ngabantu masarakat anu kurang mampuh. Sabab Pamaréntah Kota Sukabumi kawatesanan anggaran, kawenangan katut nu lianna, sarta teu mungkin sakumna masalah bisa diungkulan jeung diréngsékeun ku Pamaréntah Kota Sukabumi.

Ku lantaran kitu, Pamaréntah Kota Sukabumi ngabutuhkeun gawé bareng jeung sakumna pihak katut sakumna élemén masarakat anu mibanda kamampuhan, pikeun ngarojong jeung ngabantu masarakat anu ngabutuhkeun. Saterusna ngajelaskeun, Pamaréntah Kota Sukabumi saméméhna geus ngaluncurkeun program udunan onliné, nya éta program anu ngabogaan basis téknologi, pikeun nampung jeung ngumpulkeun sumbangan ti masarakat keur masarakat anu kurang mampuh.

Wali Kota Sukabumi ngaharepkeun, Bhakti Sosial Ibun PSM Kota Sukabumi téh sangkan salawasna dilaksanakeun sacara tuluy tumuluy, sarta bisa diconto jeung dilaksanakeun ku masarakat lianna. Sabab kacida positif jeung gedé pisan mangpaatna, pikeun masarakat anu ngabutuhkeun.

Leave a Reply