PROSÉS PANGAYAAN BARANG JEUNG JASA SANGKAN TEU NUMPUK DINA AHIR TAUN

Reporter : SITI ASHFIASARI

Redaktur/Editor : ENDANG SUMARDI

Wali Kota Sukabumi, H. Achmad Fahmi, meredih ka sakumna SKPD (Satuan Kerja Parangkat Daérah) di lingkungan Pamaréntah Kota Sukabumi, prosés pangayaan barang jeung jasa sangkan teu numpuk dina ahir taun. Ěta pameredih téh ditepikeun basa muka Bimték (Bimbingan Téknis) Panyalagaraan Barang jeung Jasa Pamaréntah ku cara Swakelola, Pangayaan Langsung, E-Purchasing jeung Pangayaan anu Dikacualikeun, cindekna tanggal 28 Januari 2020, di Hotél Horison Kota Sukabumi.

Lian ti éta, Wali Kota Sukabumi ngajelaskeun, yén masarakat dina danget ieu kacida kritisna dina méré tanggapan kana progrés pamaréntahan, anu pamustungannana panghangkeutan pangwangunan kudu dilaksanakeun di satiap daérah. Saterusna ngajelaskeun, pangayaan barang jeung jasa lain hal anu pikasieuneun, saupama satiap pagawé daék neuleuman jeung ngajalankeunnana luyu jeung aturan anu ditetepkeun.

Wali Kota Sukabumi ngaharepkeun, targét pangayaan barang jeung jasa di lingkungan Pamarentah Kota Sukabumi dina taun 2020 ieu, bisa dilaksanakeun dina triméster munggaran, supaya teu numpuk dina ahir taun. Salian ti éta, ogé targét pangwangunan anu diharepkeun ku masarakat bisa dilaksanakeun sacara éféktif.

Sedengkeun Kapala BPBJ (Bagian Pangadaan Barang jeung Jasa) Setda Kota Sukabumi, Dr. H. Fahrur Razi, A.Md.LLAJ., S.IP., M.Si. sakaligus sabagé nara sumber ngajelaskeun, targét tina palaksanaan Bimték Panyalagaraan Barang jeung Jasa ieu téh, nya éta sangkan para pamilon bimték paham dina ngalaksanakeun pangayaan barang jeung jasa, luyu jeung aturan anu ditetepkeun.

Salajuna ngaharepkeun, para pamilon bimték bisa ngalaksanakeun pangayaan barang jeung jasa, luyu jeung tahapan-tahapan anu bener jeung ditetepkeun. Ku sabab kitu, dina ieu bimték téh ditepikeun arahan ka para pamilon, supaya bisa nangtukeun jeung ngalaksanakeun pangayaan barang jeung jasa, ti mimiti pasiapan, palaksanaan jeung pangawasan, luyu jeung katangtuan aturan katut undang-undang anu ditetepkeun.

Leave a Reply