HAWA DI WEWENGKON KOTA SUKABUMI MASIH DINA KAAYAAN AMAN JEUNG TEU NGABAHAYAKEUN

Reporter : ENDANG SUMARDI

Kapala DLH (Dines Lingkungan Hidup) Kota Sukabumi, Drs. Adil Budiman, M.Si. ngungkabkeun, hawa di wewengkon Kota Sukabumi masih dina kaayaan aman jeung teu ngabahayakeun. Buktina tina targét uji émisi gas buang kandaraan bermotor roda opat di Kota Sukabumi, dina taun 2017 ieu ngahontal 95,21 peresén, atawa tina sajumlah 1.569 unit kandaraan anu diuji émisi gas buangna, ngan ukur 75 unit kandaraan anu dinyatakeun teu lulus, jeung sajumlah 1.494 unit kandaraan dinyatakeun lulus.

Saterusna diungkabkeun, tina satiap kandaraan anu diuji, nunjukkeun émisi gas buang kandaraannana masih aya dina ambang wates kawajaran. Tah kulantaran kitu, Kapala DLH Kota Sukabumi kacida ngaaprésiasina ka para pamilik kandaraan bermotor roda opat di Kota Sukabumi, anu geus lulus miluan uji émisi gas buang kandaraannana sacara hadé. Sabab para pamilik éta kandaraan téh, geus ilubiung ngajaga hawa di Kota Sukabumi, hususna tina pangaruh polusi kandaraan bermotor.

Kapala DLH Kota Sukabumi ngajelaskeun, uji émisi gas buang kandaraan téh, dilaksanakeun ku DLH Kota Sukabumi, gawé bareng jeung Dines Perhubungan Kota Sukabumi katut Satlantas (Satuan Lalu Lintas) Polres Sukabumi Kota. Salian ti éta ogé dijelaskan, uji émisi gas buang kandaraan ieu téh dilaksanakan salila 3 poé, cindekna ti tanggal 22 nepi ka tanggal 24 Méi 2017, nya éta di Jalan R. Syamsudin, S.H. cindekna di hareupeun Balé Kota Sukabumi, jeung di Jalan Jéndral Sudirman cindekna di hareupeun Alun-Alun Masjid Agung Kota Sukabumi.

Salajuna dijelaskeun, uji émisi gas buang kandaraan ieu téh dilaksanakeun sacara rutin, nya éta satiap taun sakali, dina raraga miéling Poé Lingkungan Hirup Sadunya. Anapon maksud jeung tujuannana, nya éta pikeun nganyahokeun pangaruh gas buang kandaraan bermotor kana ajén hawa di wewengkon Kota Sukabumi, sarta pikeun ngaronjatkeun kasadaran para pamilik kandaraan bermotor di Kota Sukabumi, malar salawasna ngajaga jeung miara kandaraannana, sangkan teu ngahasilkeun gas buang anu ngabahayakeun kana lingkungan.

Disagigireun ti éta ogé dijelaskeun, pikeun ngadalikeun jeung ngajaga hawa di wewengkon Kota Sukabumi téh, ngarupakeun tugas jeung tanggungjawab sakumna pihak, nya éta pamaréntah, séktor swasta jeung warga masarakat, utamana para pamilik kandaraan bermotor, boh roda opat boh roda dua, ku cara salawasna usaha satékah polah ngajaga jeung miara mesin kandaraannana, malah mandar gas buang kandaraannana salawasna aya dina ambang wates kawajaran jeung teu ngabahayakeun kana hawa.