SATIAP PAGAWÉ ANU MANGKIR DINA POÉ MUNGGARAN ASUP GAWÉ BARIS DITINDAK TEGAS

Reporter : ENDANG SUMARDI

Sekertaris Daérah Kota Sukabumi, Dr. H.M.N. Hanafie Zain, M.Si. nandeskeun, satiap pagawé di lingkungan Pamaréntah Kota Sukabumi, boh PNS boh Non PNS anu mangkir dina poé munggaran asup gawé satutas cuti jeung peré Idul Fitri Taun 1438 Hijriyah, baris ditindak tegas, luyu jeung katangtuan aturan katut undang-undang anu ditetepeun, hususna Undang-Undang Nomer 8 Taun 1974 Ngeunaan Poko-Poko Kapagawéan.

Anapon tindakan tegas anu baris ditibankeun ka satiap pagawé anu mangkir dina poé munggaran asup gawé téh, nya éta mangrupa sangsi adminitratif, ti mimiti tegoran nepi ka panangguhan kanaékan gajih berkala jeung pangkat atawa golongan. Kecuali aya alesan anu kuat jeung tepat saperti katarajang gering, anu dikuatan ku surat katerangan gering ti dokter.

Salian ti éta ogé ditandeskeun, pikeun nganyahokeun aya atawa teu ayana pagawé di lingkungan Pamaréntah Kota Sukabumi anu mangkir dina poé munggaran asup gawé satutas cuti jeung peré Idul Fitri Taun 1438 Hijriyah, Sekertaris Daérah Kota Sukabumi geus nginstruksikein aparat Inspéktorat Kota Sukabumi katut BKPSDM (Badan Kapagawéan jeung Pangembangan Sumber Daya Manusa) Kota Sukabumi, pikeun ngalaksanakeun sidak ka satiap OPD (Organisasi Parangkat Daérah) sarta Kacamatan jeung Kalurahan nu aya di lingkungan Pamaréntah Kota Sukabumi.

Salajuna ditandeskeun, éta hal téh dilaksanakeun, sangkan satiap pagawé di lingkungan Pamaréntah Kota Sukabumi salawasna disiplin jeung taat kana sakabéh katangtuan aturan katut undang-undang anu ditetepkeun, hususna dina ngalaksanakeun pancén méré palayanan anu prima ka sakumna lapisan warga masarakat dina sagala widang, boh dina widang pamaréntahan jeung pangwangunan boh dina widang kamasarakatan, anu didadasaran ku kaimanan jeung kataqwaan, sarta ahlak anu hadé atawa ahlakul karimah, utamana satutas cuti jeung peré Idul Fitri Taun 1438 Hijriyah.

Disagigireun ti éta, ogé pikeun ngarojong kana kalancaran palaksanaan rupa-rupa program jeung kagiatan sarta kinerja Pamaréntah Kota Sukabumi, hususna dina usaha ngahontal Visi Pangwangunan Kota Sukabumi Taun 2005-2025, nya éta Ngawujudna Kota Sukabumi Sabagé Puseur Palayanan anu Hadé dina Widang Atikan, Kaséhatan jeung Padagangan di Jawa Barat, anu didadasaran ku Iman jeung Taqwa; sarta Visi Walikota katut Wakil Walikota Sukabumi Taun 2013-2018, nya éta Ku Iman jeung Taqwa Ngawujudkeun Pamaréntahan anu Rahmatan Lil Alamin.