WAKIL WALIKOTA SUKABUMI MEUNANG KAPERCAYAAN JADI NARA SUMBER DINA PASAMOAN TINGKAT NASIONAL

Reporter : ENDANG SUMARDI

Wakil Walikota Sukabumi, H. Achmad Fahmi, S.Ag., M.M.Pd., salaku Ketua KPA (Komisi Pananggulangan AIDS) Kota Sukabumi, katut Dirjén (Diréktur Jéndral) P2P (Panyegahan jeung Pangadalian Panyakit) Kemenkes (Kementrian Keséhatan) RI, Wakil Gubernur Jawa Tengah sarta Kapala Dines Kaséhatan Propinsi Sulawesi Selatan, meunang kapercayaan jadi nara sumber dina pasamoan tingkat nasional, dina raraga ngaronjatkeun palayanan publik, sakaligus asisténsi jeung supervisi panerapan standar palayanan minimal urusan kaséhatan, anu dicalagarakeun ku Ditjén (Diréktorat Jéndral) Bina Pembanguan Daérah Kemendagri (Kementrian Dalam Negri) RI.

Ěta pasamoan anu lumangsung salila 3 poé, cindekna ti tanggal 11 nepi ka tanggal 13 Juli 2017, di Hotél Aston Marina Jakarta Utara ieu téh, diiluan ku 125 urang, anu ngawengku 15 urang ti Kemendagri RI jeung Kemenkes RI, 11 urang Kapala Daérah Propinsi, 11 urang Kapala Daérah Kota jeung Kabuptén, 33 urang Kapala Dines Kaséhatan Propinsi, jeung 60 urang Kapala Bappeda (Badan Perencanaan Pembangunan Daérah), Kapala Dines Kaséhatan, sarta Kapala Rumah Sakit Kota jeung Kabupatén sa Indonésia.

Dina kasempetan éta, Wakil Walikota Sukabumi ngajelaskeun, ieu pasamoan teh kacida narikna, lantaran diiluan ku para ahli dina widang kaséhatan. Salian ti éta, ieu pasamoan téh dilaksanakeun husus pikeun nyusun paraturan jeung undang-undang nu aya kaitannana jeung pangadalian HIV-AIDS, ti mimiti tingkat puseur nepi ka tingkat daérah. Salajuna dijelaskeun, ieu pasamoan téh ngarupakeun sala sahiji kahormatan pikeun KPA Kota Sukabumi, lantaran dibéré kapercayaan pikeun jadi nara sumber, sakaligus méré kamandang dina nyusun paraturan jeung undang-undang NSPK (Norma, Standar, Prosedur jeung Kritéria), ngeunaan pangadalian HIV-AIDS.

Disagigireun ti éta ogé dijelaskeun, ku ngaliwatan ieu pasamoan téh diharepkeun, sangkan panyusunan paraturan jeung undang-undang NSPK ngeunaan panyegahan jeung pangadalian HIV-AIDS di Indonésia téh bisa ngawujud. Numutkeun Wakil Walikota Sukabumi, aya 3 hal anu kudu diwangun dina ngalaksanakeun pangadalian HIV-AIDS di daérah, nya éta harmonisasi antara SKPD (Satuan Kerja Parangkat Daérah) jeung KPA, kalembagaan KPA, jeung rojongan donor ka hareupna.

Sedengkeun Dirjen P2P Kemenkes RI, dr. Mohammad Subuh, MD., MPPM., salaku Sekertaris KPA Nasional ngaharepkeun, ku ayana ieu pasamoan téh, program pananggulangan HIV-AIDS di Indonésia ka hareupna bisa leuwih ngaronjat deui, utamana peran Pamaréntah Daérah Propinsi katut Pamaréntah Daérah Kota jeung Kabupatén, ngeunaan standar palayanan minimal.

Saterusna dijelaskeun, Pananggulangan HIV-AIDS di Indonésia tetep jadi prioritas, lantaran geus diatur dina RPJMN (Rencana Pembangunan Jangka Menengah Nasional) nepi ka taun 2025 nu bakal datang, sarta pangaturan tugas jeung tanggungjawab dina ngalaksanakeun pangadalian HIV-AIDS baris leuwih jelas deui, ti mimiti puseur nepi ka daérah. Lian ti éta ogé dijelaskeun, pikeun rojongan anggaran ogé, pamaréntah daérah ngabogaan kawajiban pikeun ngutamakeunnana, sangkan program pangadalian jeung pananggulangan HIV-AIDS ieu téh bisa dilaksanakeun sacara maksimal.

Nyigeung wacana arék dibubarkeunnana KPAN nu aya kaitannana jeung 10 lembaga non struktural anu diévaluasi ku pamaréntah dina raraga éféktifitas jeung téhnis program, ngeunaan KPAN geus kajawab sacara jelas, nya éta ku dikaluarkeunnana Perpres (Peraturan Persidén) RI Nomer 124 Taun 2016, yén pamaréntah masih kénéh paduli. Tah kuayana éta hal téh, sacara de jure KPAN can dibubarkeun. Ngan dina éta Perpres téh disebutkeun, yén kamentrian téhnis kudu leuwih aktif ngatur mangsa transisi KPAN.