PARA KAPALA SKPD SANGKAN SAGANCANGNA NGAÉVALUASI SAKABÉH PROGRAM JEUNG KAGIATAN ANU GEUS DIRENCANAKEUN

Reporter : ENDANG SUMARDI

Walikota Sukabumi, H. Mohamad Muraz, S.H., M.M., meredih ka para Kapala SKPD (Satuan Kerja Parangkat Daérah) di lingkungan Pamaréntah Kota Sukabumi, sangkan sagancangna ngaévaluasi sakabéh program jeung kagiatan anu geus direncanakeun, utamana dina ngayakeun barang jeung jasa. Lantaran danget ieu, geus nincak Taun Anggaran Triwulan anu katilu.

Salian ti éta, ogé kudu bisa mastikeun, yén sakabéh program jeung kagiatan bisa lumangsung kalayan hadé. Tah kulantaran kitu, saupama aya halangan anu ngahambat kana palaksanaan program jeung kagiatan utamana dina ngayakeun barang jeung jasa, para Kapala SKPD kudu bisa ngagambarkeun jeung ngajelaskeun masalahna, sarta kudu bisa néangan rupa-rupa alternatifna dina ngaréngsékeun masalahna, sakaligus nyokot solusi tina rupa-rupa alternatif anu dianggap pang hadéna.

Ěta pamaredih Walikota Sukabumi téh, ditepikeun dina biantara, dina Upacara Pangibaran Bendera Kabangsaan Sang Mérah Putih, cindekna tanggal 17 Juli 2017, di Buruan Apél Setda Kota Sukabumi. Hadir dina kasempetan éta, Wakil Walikota Sukabumi, unsur Forkopimda (Forum Koordinasi  Pimpinan  Daérah)  Kota Sukabumi, Pingpinan katut Anggota DPRD Kota Sukabumi, Sekertaris Daérah Kota Sukabumi, Ketua TP PKK katut Ketua DWP (Dharma Wanita Persatuan) Kota Sukabumi, para Asistén Daérah katut Staf Ahli Walikota Sukabumi, para Kapala SKPD di lingkungan Pamaréntah Kota Sukabumi, para Inohong Masyarakat, para Ketua Organisasi Wanoja jeung Pamuda, sarta para tamu ondangan liana.

Salajuna ditandeskeun, sabagé aparatur anu geus dibekelan ku mangpirang-pirang dasar kapamingpinan jeung kamampuhan téhnis utamana pikeun lével Kapala SKPD, saupama teu miroséa jeung ngantep kana rupa-rupa pasualan anu kajadian tanpa ngalaksanakeun tindakan anu sakuduna dilaksanakeun pikeun ngaréngsékeunnana, éta hal ngarupakeun sala sahiji kasalahan anu kacida gedéna. Sajabana ti éta ogé ditandeskeun, salain ti kaiket ku kawajiban pikeun ngaréngsékeun rupa-rupa program jeung kagiatan dina sajero periodeu taun anggaran, ASN (Aparatur Sipil Nagara) ngabogaan posisi anu strategis pisan, hususna dina méré palayanan ka warga masarakat, luyu jeung wewenang anu dipibanda.

Walikota Sukabumi ngajelaskeun, di lével Pamaréntah Kabupatén jeung Kota, undang-undang méré kawenangan ka ASN, pikeun ngalaksanakeun palayanan dina sagala widang. Disagigireun ti éta ogé dijelaskeun, dina widang kaséhatan, Pamaréntah Kota Sukabumi geus usaha satékah polah méré rupa-rupa palayanan kaséhatan, boh ngaliwatan Posyandu jeung Puskesmas boh ngaliwatan Rumah Sakit. Kitu deui palayanan dina widang atikan, undang-undang méré kawenangan ka Pamaréntah Kabupatén jeung Kota, hususna dina ngalaksanakeun pangalolaan jeung panyalagaraan SD katut SMP. Sedengkeun pikeun SMA jeung SMK, luyu jeung Undang-Undang Nomer 23 Taun 2014, ti mimiti taun 2017 ieu jadi wewenang Pamaréntah Propinsi.