
Reporter : ENDANG SUMARDI
Walikota Sukabumi, H. Mohamad Muraz, S.H., M.M. katut Sekda (Sekertaris Daérah) Kota Sukabumi, Doktor H.M.N. Hanafie Zain, M.Si., ngajamin kadariaan PT FAP (Fortunindo Artha Perkasa) Jakarta, dina ngawangun Pasar Rahayat Modéren Kota Sukabumi, cindekna di tempat urut Pasar Pelita Kota Sukabumi. Anapon kadariaan éta PT téh geus dibuktikeun, nya éta ku ngalaksanakeun prosés pangwangunan éta pasar, luyu jeung rupa-rupa katangtuan anu geus disaluyuan babarengan ku Pamaréntah Kota Sukabumi jeung PT FAP, sakumaha anu kaunggel dina MoU (Memorandum of Understanding) atawa Nota Kasaluyuan Gawé Bareng Ngeunaan Pajangjian Gawé Bareng Pangwangunan jeung Pangalolaan Pasar Rahayat Modéren Kota Sukabumi.
Salian ti éta, PT FAP ogé geus masrahkeun duit jaminan ka Pamaréntah Kota Sukabumi, nya éta gedéna ngahontal Rp. 33 miliar anu dihol di Bank BTN, sarta geus ngaréngsékeun bank garansi anu gedéna ngahontal Rp. 9 miliar di Bank BJB Puseur Kota Sukabumi. Tah kuayana éta hal téh, PT FAP baris daria dina ngawangun Pasar Rahayat Modéren Kota Sukabumi. Salajuna ditandeskeun, saupama PT FAP teu daria dina ngawangun Pasar Rahayat Modéren Kota Sukabumi, rupa-rupa katangtuan jeung kawajiban anu disaratkeun ku Pamaréntah Kota Sukabumi moal ditedunan ku éta PT. Disagigireun ti éta ogé ditandeskeun, saupama PT FAP teu daria dina ngawangun Pasar Rahayat Modéren Kota Sukabumi, duit jaminan anu geus dipasrahkeun ka Pamaréntah Kota Sukabumi, nya éta gedéna ngahontal Rp. 33 miliar anu dihol di Bank BTN téh, baris lapur jadi milik Pamaréntah Kota Sukabumi.
Nyigeung ayana kalambatan dina ngasupkeun alat beurat ka éta tempat pasar téh, nurutkeun Walikota Sukabumi katut Sekda Kota Sukabumi, teu aya hubungannana jeung taya kadariaannana éta PT, dina ngawangun Pasar Rahayat Modéren Kota Sukabumi. Tapi ayana éta masalah téh, alatan aya pasualan téhnis, nya éta pasualan ijin ngasupkeun alat beurat ka éta tempat, kaasup Amdal (Analisis Mengenai Dampak Lingkungan) pangwangunan jeung Andalalin (Analisis Dampak Lalu Lintas), anu nepi ka danget ieu téh masih diproses ku instansi nu aya kaitannana.
Tah kulantaran kitu, rupa-rupa jenis ijin anu dikaluarkeun ku Pamaréntah Kota Sukabumi, baris sagancangna diréngsékeun, sanggeus ijin ti Pamaréntah Propinsi Jawa Barat kaluar. Sabab asupna alat beurat jeung material wangunan ka éta tempat téh, kudu dumasar kana ijin, luyu jeung katangtuan paraturan katut undang-undang anu ditetepkeun. Maksud jeung tujuannana, sangkan teu jadi pasualan ka hareupna. Saterusna dijelaskeun, saméméhna Pamaréntah Kota Sukabumi miharep, sangkan sakabéh alat beurat pikeun ngawangun éta pasar téh bisa sagancangna asup ka éta tempat, nya éta dina tanggal 10 Juli 2017, ngan rupa-rupa ijinna masih diprosés ku instansi nu aya kaitannana. Lian ti éta ogé dijelaskeun, sabari nungguan kaluarna rupa-rupa éta ijin téh, pihak PT FAP nyiapkeun lahan pikeun transit, supaya sakabéh alat beurat jeung material wangunan pikeun ngawangun éta pasar téh, bisa lumangsung kalayan hadé jeung lungsur-langsar.
Tah kukituna, boh Walikota Sukabumi boh Sekda Kota Sukabumi, neda pangdoa ka sakumna lapisan warga masarakat Kota Sukabumi hususna ka para padagang, supaya prosés pangwangunan éta pasar téh bisa sagancangna dilaksanakeun kalayan hadé jeung lungsur-langsar tanpa aya halangan-harungan, luyu jeung harepan sakumna pihak.