
Reporter : ENDANG SUMARDI
Pamandian Cai Panas Cikundul anu alamatna di Jalan Proklamasi Nomer 242 Kalurahan Cikundul, Kacamatan Lembursitu, Kota Sukabumi, ngarupakeun sala sahiji tujuan wisata Kota Sukabumi, anu nepi ka danget ieu masih dipikalandep ku warga masarakat, boh ti jero boh ti luar Kota Sukabumi. Buktina dumasar kana data nu aya di Disporapar (Dines Kapamudaan, Olahraga jeung Pariwisata) Kota Sukabumi, jumlah warga masarakat nu ngadongdon ka Pamandian Cai Panas Cikundul téh, dina saban tahunna teu weléh ngaronjat, nya éta antara 2 nepi ka 5 peresén.
Tah kulantaran kitu, sakumaha nu dijelaskeun ku Kapala Widang Pariwisata Disporapar Kota Sukabumi, Ir. Yudi Yustiawan, S.T., M.T., sagala rupa fasilitas nu aya di ieu pamandian téh terus ditata jeung dimekarkeun, saperti wahana rafting atawa arung jeram jeung wahana paint ball atawa wahana pamaénan. Anapon fasilitas nu anyar kénéh ditata jeung dimekarkeun di ieu pamandian téh, nya éta pangwangunan imah dina luhur tangkal kai, pikeun para pangunjung nu hayang niténan kaéndahan alam nu aya di sabudeureun ieu pamandian tina éta imah, sakaligus pikeun dipoto. Sedengkeun fasilitas séjénna anu geus aya di ieu Pamandian Cai Panas Cikundul téh, diantarana hiji kolam cai panas jeung hiji kolam cai tiis, sarta sababaraha tempat pikeun istirahat jeung kolam pikeun ngeueum awak.
Nyigeung harga karcis pikeun asup ka ieu pamandian téh, nurutkeun Kapala Widang Pariwisata Disporapar Kota Sukabumi kacida murahna jeung kadongkang ku warga masarakat, nya éta pikeun déwasa Rp. 3 rébu jeung pikeun barudak Rp. 2 rébu. Sedengkeun pikeun para pangunjung nu hayang ngagunakeun fasilitas kolam cai panas jeung cai tiis, taripna ngan ukur Rp. 8 rébu pikeun déwasa jeung Rp. 6 rébu pikeun barudak. Salajuna pikeun para pangunjung nu hayang ngagunakeun fasilitas kolam pikeun ngeueum awak, taripna Rp. 30 rébu sa jam, sarta séwa tempat pikeun istirahat taripna Rp. 110 rébu dina poé biasa, jeung Rp. 125 rébu dina poé peré pikeun salila 12 jam.
Saterusna ditandeskeun, ku ayana Pamandian Cai Panas Cikundul téh, bisa ngaronjatkeun paékonomian warga masarakat nu aya disabudeureunnana, nya éta ku cara dagang rupa-rupa kadaharan jeung inuman, sarta karajinan tangan. Lian ti éta ogé ditandeskeun, pikeun leuwih ngaronjatkeun daya tarik keur warga masarakat sangkan salawasna ngadongdon ka Pamandian Cai Panas Cikundul, Disporapar Kota Sukabumi sacara rutin nyalagarakeun pagelaran seni jeung budaya, ngalibetkeun komunitas seni jeung budaya nu aya di Kota Sukabumi, cindekna dina saban Malem Minggu, sarta pikeun warga masarakat nu hayang nyakséni kana éta pagelaran téh teu dipulut waragad alias haratis.
Disagigireun ti éta ogé ditandeskeun, sabenerna Pamandian Cai Panas Cikundul anu diwangun dina lahan salega 4,1 héktar jeung aya di sisi Wahangan Cimandiri téh, geus kajojo ka mancanagara. Ngan pikeun leuwih ngawanohkeun deui ieu pamandian téh, ka hareupna Disporapar Kota Sukabumi arék nyieun website jeung aplikasi android, pikeun nyebarkeun sakaligus ngagampangkeun aksés informasi ka para wisatawan utamana ti luar Kota Sukabumi, hususna nu hayang ngadongdon Pamandian Cai Panas Cikundul.