
Reporter : ENDANG SUMARDI
Imah milik sala saurang Lansia (Lanjut Usia) anu umurna 70 tahun sarta katarajang panyakit stroke geus puluhan taun, Ma Iyah, warga Kampung Pasir Ipis, RT 5 RW 12 Kalurahan Subangjaya, Kacamatan Cikolé, Kota Sukabumi, geus réngsé diwangun deui, sarta kaayaannana leuwih séhat jeung leuwih pantes dicicingan ku Ma Iyah jeung ku dua anakna. Anapon konci éta imah téh, geus dipasrahkeun sacara resmi ku Sekertaris Daérah Kota Sukabumi, Dr. H.M.N. Hanafie Zain, M.Si., kaasup alat-alat rumah tangga jeung jaringan listrik anyar, cindekna tanggal 14 Juli 2017, dibarengan ku Komisionér Baznas (Badan Amil Zakat Nasional) Kota Sukabumi, Drs. K.H. Muchtar Ubaédillah, Lurah Subangjaya, Féry Munggaran, S.STP., M.AP., sarta aparat instansi jeung lembaga nu aya kaitannana.
Sekertaris Daérah Kota Sukabumi ngajelaskeun, diwangunna deui imah Ma Iyah anu ukurannana 8 kali 6 méter ieu téh, ngagunakeun waragad swadaya masarakat jeung PNS (Pagawé Nagri Sipil) ti sajumlah SKPD (Satuan Kerja Parangkat Daérah) di lingkungan Pamaréntah Kota Sukabumi, sarta ti Baznas Kota Sukabumi, anu jumlah waragadna ngahontal Rp. 10 juta, kaasup kapadulian ti Yayasan Sehati Sukabumi, anu geus ngawanguan deui ieu imah sacara sukaréla, tanpa meunang bayaran. Salian ti éta, Sekertaris Daérah Kota Sukabumi nétélakeun, saupama ngandelkeun program pamaréntah, dina ngawangun deui ieu imah téh ngabutuhkeun waktu anu lila, lantaran waragadna kudu diajukeun heula. Sedengkeun ieu imah téh kudu sagancangna diwangun deui, sabab kaayaannana matak ngahariwangkeun ka sakumna pihak, sarta geus teu pantes pikeun dicicingan.
Dina kasempetan éta, Lurah Subangjaya, Féry Munggaran, S.STP., M.AP., kalayan asmana kulawarga Ma Iyah katut Pamaréntah Kalurahan Subangjaya, ngahaturkeun nuhun anu sagedé-gedéna ka sakumna pihak, anu geus merhatikeun jeung paduli ngawangun deui imah Ma Iyah, anu pamustungannana ieu imah téh jadi alus deui, sarta kaayaannana jadi leuwih séhat jeung leuwih pantes pikeun dicicingan. Ěta hal téh bisa ngawujud, kuayana gawé bareng jeung gotong royong ti sakumna pihak, boh ku mangrupa matéri boh ku mangrupa tanaga. Tah kuayana éta hal téh, Lurah Subangjaya ngaharepkeun, boh mangrupa materi boh mangrupa tanaga anu geus dibikeun ku sakumna pihak dina ngawangun deui imah Ma Iyah téh, salawasna dijadikeun sagara kahadéan jeung amal soléh, sarta meunang pahala sakaligus dibales manglipet-lipet ku Nu Maha Kawasa, Alloh Aza Wa Zalla.