NEPI KA DANGET IEU KOTA SUKABUMI JEUNG SABUDEUREUNNANA MASIH CAN BISA LEUPAS TINA MASALAH RUNTAH

Reporter : ENDANG SUMARDI

Walikota Sukabumi, H. Mohamad Muraz, S.H., M.M. nandeskeun, nepi ka danget ieu, Kota Sukabumi jeung sabudeureunnana, masih can bisa leupas tina masalah runtah, sala sahijina runtah keretas koran urut. Lantaran koran terus diproduksi jeung dibutuhkeun ku masarakat saban poé. Ěta hal téh nyababkeun kana volumeu runtah keretas koran urut anu kacida gedéna. Padahal dumasar kana panalitian jeung pangalaman di lapangan, runtah keretas koran urut téh ngarupakeun material anu poténsial, pikeun dimangpaatkeun jadi rupa-rupa jenis produk daur ulang.

Ěta panandesan Walikota Sukabumi téh, ditepikeun dina biantara, basa muka sacara resmi Kagiatan Palatihan Limbah Koran Pikeun Kaom Wanoja, anu dilaksanakeun ku Dékranasda (Déwan Karajinan Nasional Daérah) Kota Sukabumi salila 2 poé, cindekna tanggal 17 jeung 18 Juli 2017, di Hotél Horison Kota Sukabumi, anu ngangkat téma, Ngaliwatan Palatihan Kaparigelan Kaom Wanoja, Urang Wujudkeyun Tanaga Anu Profésional.

Saterusna dijelaskeun, dina danget ieu, satiap jalma kudu mampuh nyiptakeun jeung mibanda kréatifitas, hususna dina ngolah runtah jeung limbah, sala sahijina ngaliwatan kaparigelan nyieun karajinan tina runtah jeung limbah. Lantaran masalah runtah jeung limbah téh, geus jadi masalah global.

Tah kulantaran kitu Walikota Sukabumi ngaharepkeun, ku dilaksanakeunnana Kagiatan Palatihan Limbah Koran Pikeun Kaom Wanoja ieu téh, salian ti bisa ngurangan kana volumeu runtah keretas koran urut, ogé meunang data anu bisa méré gambaran sacara nyata, ngeunaan usaha jeung kaparigelan nyieun karajinan tina bahan baku keretas koran urut di Kota Sukabumi.

Sedengkeun Pupuhu Panata Panyalagara, Manurung ngajelaskeun, maksud jeung tujuan dilaksanakeunnana Kagiatan Palatihan Limbah Koran Pikeun Kaom Wanoja ieu téh, nya éta pikeun ngaronjatkeun kamampuhan jeung kaparigelan kaom wanoja, hususna dina nyiptakeun kréatifitas nyieun produk karajinan tina bahan baku runtah keretas koran urut, sabagé sala sahiji usaha ngamangpaatkeun runtah keretas koran urut, jadi produk anu ngabogaan ajén ékonomis, pikeun ngaronjatkeun kasajahtraan para parajin jeung warga masarakat, di lingkungannana masing-masing.

Salian ti éta, ogé pikeun ngurangan volumeu runtah keretas koran urut di satiap lingkungan padumukan warga masarakat, lantaran bisa dimangpaatkeun jeung diolah jadi produk karajinan anu ngabogaan ajén ékonomis, pikeun nunjel paékonomian kulawarga. Anapon jumlah pamilon anu miluan kana Palatihan Limbah Koran ieu téh, sagemblengna aya 21 urang, utusan ti 7 Kacamatan sa Kota Sukabumi, anu tingkat atikannana ngawengku 5 urang S-1, saurang D-2, jeung 15 urang SMA.