
Reporter : ENDANG SUMARDI
Kapala Bagian Pangadaan Barjas (Barang jeung Jasa) Setda Kota Sukabumi, Dr. H. Fahrur razi, AMd.LLAJ., S.IP., M.Si. nandeskeun, yén prosés lélang pangwangunan GOR (Gelanggang Olah Raga) Remaja Merdéka Kota Sukabumi téh geus réngsé, nya éta ngahasilkeun PT Mitra Gusnita Nanda, sabagé pausahaan anu baris ngagarap pangwangunan GOR Remaja Merdéka Kota Sukabumi. Tah kulantaran kitu, prosés pangwangunan GOR Remaja Merdéka Kota Sukabumi téh ngan ukur tinggal néken kontrak, anu baris dilaksanakeun ku pihak panyadia barang jeung jasa katut PPK (Pajabat Pembuat Komitmen) di instansi anu aya kaitannana.
Tah pikeun ngarojong kalancaran néken kontrak prosés pangwangunan GOR Remaja Merdéka Kota Sukabumi téh, pihak Bagian Pangadaan Barjas Setda Kota Sukabumi, geus masrahkeun berkas hasil lélang, ka PPK anu aya kaitannana jeung prosés pangwangunan GOR Remaja Merdéka Kota Sukabumi, pikeun salajuna dijieunkeun SPPBJ (Surat Panunjukan Panyadia Barang jeung Jasa) Pamaréntah, ka pausahaan anu baris ngagarap pangwangunan GOR Remaja Merdéka Kota Sukabumi.
Saterusna ditandeskeun, sanggeus dikaluarkeun SPPBJ, paling lila 14 poé, kontrak pangwangunan GOR Remaja Merdéka Kota Sukabumi téh kudu geus ditéken, sarta leuwih gancang leuwih alus. Lantaran prosés pangwangunan GOR Remaja Merdéka Kota Sukabumi téh, dina bulan Agustus 2017 kudu geus dimimitian. Salian ti éta, Kapala Bagian Pangadaan Barjas Setda Kota Sukabumi, miharep ka pausahaan anu baris ngagarap pangwangunan GOR Remaja Merdéka Kota Sukabumi, sangkan ngalaksanakeun prosés pangwangunan luyu jeung katangtuan anu ditetepkeun, nya éta salila 5 bulan atawa salila 150 poé kalénder, cindekna kudu geus réngsé nepi ka ahir bulan Désémber 2017 nu bakal datang.
Disagigireun ti éta ogé ditandeskeun, saupama prosés pangwangunan GOR Remaja Merdéka Kota Sukabumi téh teu réngsé nepi ka ahir bulan Désémber 2017 nu bakal datang, éta pausahaan téh baris ditibanan sangsi, luyu jeung katangtuan anu ditetepkeun, nya éta ti mimiti sangsi administrasi jeung daftar hideung salila 2 taun, nepi ka digugat sacara perdata jeung lapor sacara pidana. Lian ti éta, ogé kontrakna bisa diputus sacara sapihak jeung ditibanan sangsi dengda kalambatan.
Leuwih jauh Kapala Bagian Pangadaan Barjas Setda Kota Sukabumi nandeskeun, éta pausahaan téh ogé baris ditibanan sangsi, saupama teu bisa ngaréngsékeun satiap targét tahapan pangwangunan dina saban bulanna, atawa anu leuwih wanoh disebut kontrak kritis. Tah kukituna, sakumna pihak jeung aparat instansi anu aya kaitannana, sangkan babarengan jeung usaha satékah polah niténan jeung nalingakeun, kana prosés pangwangunan GOR Remaja Merdéka Kota Sukabumi. Maksud jeung tujuannana, sangkan prosés pangwangunan GOR Remaja Merdéka Kota Sukabumi téh, bisa lumangsung sacara hadé jeung lungsur-langsar, luyu jeung katangtuan anu ditetepkeun, sarta pikeun nyingkahan ayana hal-hal anu teu dipiharep ku sakumna pihak.