
Reporter : ENDANG SUMARDI
Diskominfo (Dines Komunikasi jeung Informatika) Kota Sukabumi, sabagé dines anu jadi leading sector dina widang komunikasi jeung informatika, nyalagarakeun Bimték (Bimbingan Téknis) Panyusunan Master Plan jeung Quick Win Gerakan Nuju 100 Smart City Taun 2017, cindekna tanggal 25 Juli 2017, di Operation Room Setda Kota Sukabumi. Bimték anu dibuka sacara resmi ku Sekertaris Daérah Kota Sukabumi, Dr. H.M.N. Hanafie Zain, M.Si. téh, ngahadirkeun nara sumber ti Kamentrian Kominfo RI jeung Perbanas, sarta diiluan ku utusan ti satiap SKPD (Satuan Kerja Parangkat Daérah) di lingkungan Pamaréntah Kota Sukabumi.
Dina biantarana, Sekertaris Daérah Kota Sukabumi, Dr. H.M.N. Hanafie Zain, M.Si. ngajelaskeun, Pingpinan Daérah di Kota Sukabumi, kacida ngarojongna kana sagala rupa usaha pikeun ngawujudkeun smart city di Kota Sukabumi. Ěta hal téh didadasaran ku gancangna kamekaran téknologi informasi anu ngarobah kahirupan warga masarakat, anu pamustungannana Pamaréntah Kota Sukabumi kudu ngarobah jeung ngarojong téknologi informasi.
Saterusna ditandeskeun, salian ti ngamangpaatkeun infrastruktur jeung suprastruktur anu dipibanda dina danget ieu, Pamaréntah Kota Sukabumi ogé gawé bareng jeung pihak swasta, dina nyadiakeun palayanan téknologi informasi. Nya éta ku rojongan investasi pihak swasta, anu danget ieu keur ngawangun sababaraha titik palayanan internét haratis pikeun warga masarakat Kota Sukabumi, diantarana di rohang-rohang publik, saperti di Lapangan Merdeka, Taman Urang, Taman Cikondang, Setda Kota Sukabumi jeung Dispusip (Dines Perpustakaan Umum jeung Kaarsipan) Kota Sukabumi, sarta dina waktu anu deukeut baris diwangun di aréa Terminal Tipeu A K.H. Ahmad Sanusi, cindekna di Jalan Lingkar Selatan Kota Sukabumi.
Disagigireun gawé bareng jeung pihak swasta, Pamaréntah Kota Sukabumi ogé ngamangpaatkeun poténsi Paguron Luhur nu aya di wewengkon Kota Sukabumi, saperti Politéknik Sukabumi jeung UMMI (Universitas Muhammadiyah Sukabumi), hususna dina ngaronjatkeun pamangpaatan téknologi informasi, pikeun ngagampangkeun palayanan publik.
Sedengkeun Kapala Diskominfo Kota Sukabumi, Drs. Gabril Sukarman, M.Pd. ngajelaskeun, smart city téh nya éta konsép kota cerdas, anu dirancang pikeun ngabantu sababaraha kagiatan warga masarakat, utamana dina usaha ngalola sumber daya anu aya sacara éfisién, sarta pikeun ngagampangkeun aksés informasi ka warga masarakat, kaasup pikeun nyegah jeung ngungkulan rupa-rupa kajadian anu teu disangka-sangka saméméhna.
Salajuna dijelaskeun, dina Taun 2017 Kota Sukabumi kapilih jadi Pilot Project Smart City di Indonésia, tina 25 kota jeung kabupatén di Indonésia, anu kapilih dina kagiatan assessment, anu dilaksanakeun ku Kementrian Kominfo RI, gawé bareng jeung Kemendagri RI, KemenPAN-RB, Bappenas, Kementerian PUPR, jeung Kantor Staf Persidén RI, dina Gerakan Nuju 100 Smart City sawatara waktu ka tukang.
Anapon targét tina panyalagaraan Bimték ieu téh, nya éta kahiji nyusun analisis SWOT ngeunaan smart city, kadua nyusun visi, misi jeung program prioritas, jeung katilu nyusun strategi quick win, nya éta program anu dimungkinkeun bisa hasil dina jangka waktu anu singget.