KOTA SUKABUMI MEUNANG DEUI ANUGRAH KLA PIKEUN KA 4 KALINA

Reporter : ENDANG SUMARDI

Kota Sukabumi meunang deui anugrah KLA (Kota Layak Anak) pikeun ka 4 kalina, ti Kamentrian Pemberdayaan Perempuan jeung Perlindungan Anak RI. Ěta anugrah téh dipasrahkeun ku Mentri Pemberdayaan Perempuan jeung Perlindungan Anak RI, Prof. Dr. Yohana Yembisé, Dip.Apling., M.A., ka Walikota Sukabumi, H. Mohamad Muraz, S.H., M.M., dina acara puncak HAN (Hari Anak Nasional) Taun 2017 Tingkat Nasional, anu lumangsung di Kota Pekanbaru Propinsi Riau, cindekna tanggal 22 Juli 2017. Salian ti meunang anugrah KLA, ogé sala saurang Anggota Forum Anak Sukabumi, Lisan Shidqi Zul Fahmi, meunang gelar juara Tunas Muda Pamingpin Indonésia Taun 2017, pikeun kategori palajar SMP.

Saréngséna nampa éta anugrah, Walikota Sukabumi, H. Mohamad Muraz, S.H., M.M., dibarengan ku Kapala DP2KBP3APM (Dines Pangadalian Padumuk, Kulawarga Berencana, Pemberdayaan Perempuan, Perlindungan Anak jeung Pemberdayaan Masarakat) Kota Sukabumi, Dra. Hj. Lilis Astri Suryanita, M.M., ngucapkeun rasa sukur sarta ngarasa reueus jeung gumbira nu taya papadana, ku meunangna deui éta anugrah téh. Salajuna ditandeskeun, éta prestasi téh ngarupakeun prestasi jeung buah tina gawé anu rancagé ti sakumna pihak, nya éta pamaréntah jeung sakumna lapisan warga masarakat Kota Sukabumi, hususna SKPD (Satuan Kerja Parangkat Daérah) nu aya kakaitannana.

Tah kuayana éta hal téh, Walikota Sukabumi kalayan asmana pribadi katut Kapala Daérah sarta Pamaréntah Kota Sukabumi, ngahaturkeun nuhun katut pangajén anu saluhur-luhurna ka sakumna pihak hususna ka SKPD nu aya kakaitannana, kana kapadulian jeung ilubiung sarta sabilulungan jeung gawé anu rancagé, anu pamustungannana Kota Sukabumi meunang deui anugrah KLA pikeun ka 4 kalina, kaasup gelar juara Tunas Muda Pamingpin Indonésia Taun 2017, pikeun kategori palajar SMP.

Disagigireun ti éta, Walikota Sukabumi ngaharepkeun, kapadulian jeung ilubiung sarta sabilulungan jeung gawé anu rancagé ti sakumna pihak téh, sangkan salawasna dironjatkeun jeung dimekarkeun dina sagala widang, malah mandar Kota Sukabumi bisa leuwih maju deui sarta salawasna meunang prestasi dina sagala widang.

Sedengkeun Kapala DP2KBP3APM Kota Sukabumi, Dra. Hj. Lilis Astri Suryanita, M.M. ngajelaskeun, éta anugrah téh dipasrahkeun 2 taun sakali, ka Kota jeung Kabupatén anu daria usaha satékah polah ngalaksanakeun Undang-Undang RI Nomer 23 Taun 2002 Ngeunaan Perlindungan Anak. Diantarana aya lembaga konsultasi pikeun warga masarakat jeung kulawarga ngeunaan pangasuhan jeung parawatan anak, fasilitas informasi layak anak, Pojok Laktasi di satiap Puskesmas jeung tempat ulin anak, KTR (Kawasan Tanpa Roko), sarta fasilitas pikeun kagiatan kréatif jeung rékréatif anu ramah anak di luar sakola, anu bisa diaksés ku sakumna anak.

Kapala DP2KBP3APM Kota Sukabumi ngaharepkeun, ku meunangna deui anugrah KLA pikeun ka 4 kalina téh, bisa ngahudang sumanget ka sakumna pihak di Kota Sukabumi, hususna dina niténan, nalingakeun jeung mayungan kasalametan anak. Lantaran pancén jeung tanggungjawab éta hal téh, ngarupakeun pancén jeung tanggungjawab sakumna pihak, nya éta pamaréntah jeung sakumna lapisan warga masarakat Kota Sukabumi, hususna kulawarga jeung pihak sakola katut SKPD nu aya kakaitannana.