
Reporter : ENDANG SUMARDI
Tim Asét Kemenristék PT (Kementrian Risét Téknologi jeung Perguruan Tinggi) RI, ngecék lahan pikeun pangwangunan Kampus PSDKU (Program Studi Diluar Kampus Utama) IPB (Institut Pertanian Bogor) Sukabumi salega 15 héktar, cindekna di wewengkon Kacamatan Cibeureum Kota Sukabumi. Anapon kadatangan éta tim téh, dibagéakeun sakaligus ditarima sacara resmi ku Sekertaris Daérah Kota Sukabumi, Dr. H.M.N. Hanafie Zain, M.Si., salaku Ketua Yayasan Pendidikan Tinggi Kusumah Bangsa, di Rohangan Rapat Bappeda (Badan Perencanaan Pembangunan Daérah) Kota Sukabumi. Hadir dina kasempetan éta, Kapala Diskominfo (Dines Komunikasi jeung Informatika) Kota Sukabumi, Drs. Sukarman, M.Pd., salaku Diréktur Politéknik Sukabumi.
Dina kesempetan éta, Sekertaris Daérah Kota Sukabumi, Dr. H.M.N. Hanafie Zain, M.Si. ngajelaskeun, kadatangan Tim Asét ti Kemenristék PT RI ieu téh, aya kaitannana jeung lahan pikeun pangwangunan Kampus PSDKU IPB Sukabumi salega 15 héktar, anu baris dipasrahkeun ka Kemenristék PT RI, sarta geus dibébaskan ku Pamaréntah Kota Sukabumi.
Saterusna dijelaskeun, lahan anu geus dibébaskeun ku Pamaréntah Kota Sukabumi téh, nya éta pikeun kapentingan pangwangunan Paguron Luhur Negri di Kota Sukabumi. Tah kuayana éta hal téh, Pamaréntah Kota Sukabumi sacara all out nyiapkeun éta lahan, sarta dijamin yén éta lahan téh geus cléar and cléan. Maksud jeung tujuannana, malar dina ngalaksanakeun prosés pangwangunan Kampus PSDKU IPB Sukabumi anu baris dilaksanakeun dina taun 2017 ieu téh, moal ngarandapan kasulitan, sarta diharepkeun, lahan pikeun pangwangunan éta kampus téh legana bisa ngahontal 30 héktar.
Disagigireun ti éta, Sekertaris Daérah Kota Sukabumi ogé ngaharepkeun, ku ayana Paguron Luhur di Kota Sukabumi téh, tingkat kamekaran jeung ajén SDM (Sumber Daya Manusa) di Kota Sukabumi jeung di sabudeureunnana, baris leuwih cepet jeung maju. Lantaran Kota Sukabumi baris jadi puseur atikan anu ngabogaan basis profésional. Sabab IPB jeung Politéknik Sukabumi katut Paguron Luhur lianna nu aya di Kota Sukabumi, nuju kana atikan profésional.
Ěta hal téh luyu jeung Visi Pangwangunan Kota Sukabumi Taun 2005-2025, nya éta Ngawujudna Kota Sukabumi Sabagé Puseur Palayanan anu Hadé dina Widang Atikan, Kaséhatan jeung Padagangan di Jawa Barat, anu didadasaran ku Iman jeung Taqwa. Tah kulantaran kitu, Pamaréntah Kota Sukabumi salawasna usaha satékah polah ngadorong Pamaréntah Puseur ngaliwatan Kemenristék PT RI, pikeun ngadegkeun Paguron Luhur Negri di Kota Sukabumi.