PAMARÉNTAH KOTA SUKABUMI BARIS NYALAGARAKEUN KAMPANYEU MR

Reporter : ENDANG SUMARDI

Pamaréntah Kota Sukabumi ngaliwatan Dines Kaséhatan Kota Sukabumi, dina Bulan Agustus jeung Séptémber 2017 nu bakal datang, baris nyalagarakeun Kampanyeu MR (Measles Rubella) sacara babarengan di sakuliah daérah Indonésia. Tah pikeun ngarojong kana kalancaran éta kampanyeu téh, Pamaréntah Kota Sukabumi jeung Dines Kaséhatan Kota Sukabumi, geus nyalagarakeun pasamoan jeung koordinasi, anu diiluan ku sakumna aparat SKPD (Satuan Kerja Parangkat Daérah) sarta instansi jeung lembaga anu aya kaitannana di lingkungan Pamaréntah Kota Sukabumi, anu dibuka sacara resmi ku Walikota Sukabumi, H. Mohamad Muraz, S.H., M.M., cindekna tanggal 20 Juli 2017, di Aula Bank BJB Puseur Kota Sukabumi.

Dina kasempetan éta Walikota Sukabumi miharep sakaligus nginstruksikeun ka sakumna aparat SKPD sarta instansi jeung lembaga anu aya kaitannana di lingkungan Pamaréntah Kota Sukabumi, sangkan nyiapkeun sagala rupa kalengkepan anu diperlukeun, malar panyalagaraan éta kampanyeu téh lumangsung lungsur-langsar, luyu jeung harepan sakumna pihak. Anapon wujud tina panyalagaraan éta kampanyeu téh, nya éta mangrupa sosialisasi jeung méré vaksin Measles atawa anu leuwih wanoh disebut Campak jeung Rubella. Salajuna Walikota Sukabumi ngajelaskeun, Rubella téh ngarupakeun sala sahiji jenis panyakit anu bahaya pikeun kaséhatan jalma, sarta bisa narajang ka budak, rumaja jeung kolot.

Sedengkeun Kapala Dines Kaséhatan Kota Sukabumi, dr. Hj. Ritanénny Ědlién Silyéna Mirah ngajelaskeun, Rubella biasana ngarupakeun panyakit énténg anu narajang ka budak. Ngan saupama éta panyakit téh narajang ka ibu-ibu anu keur kakandungan dina triméster kahiji atawa dina awal kakandungan, bisa nyababkeun kaguguran atawa kacacadan ka orokna, anu leuwih wanoh disebut SRK (Sindrom Rubella Kongenital), anu ngawengku kalainan dina jantung jeung panon, sarta torék jeung kamekaran awak orokna lambat.

Saterusna dijelaskeun, dina taun-taun saméméhna, pamaréntah salawasna nyalagarakeun Imunisasi Campak. Ngan timimiti taun 2017 ieu mah, pamaréntah ngalaksanakeun pananggulangan Campak jeung Measles Rubella. Tah kulantaran kitu, Kapala Dines Kaséhatan Kota Sukabumi ngaharepkeun ka sakumna aparat SKPD sarta instansi jeung lembaga anu aya kaitannana di lingkungan Pamaréntah Kota Sukabumi, utamana anu milu pasamoan jeung koordinasi, bisa nyebarkeun informasi sakaligus ngalaksanakeun sosialisasi ka sakumna lapisan warga masarakat Kota Sukabumi di wewengkonna masing-masing, hususna ka ibu-ibu anu keur kakandungan jeung anu baroga budak umur 9 bulan nepi ka umur kurang ti 15 taun.

Dina kasempetan éta, Walikota Sukabumi katut sajumlah aparat SKPD sarta instansi jeung lembaga anu aya kaitannana di lingkungan Pamaréntah Kota Sukabumi anu milu kana éta pasamoan jeung koordinasi téh, néken Komitmen Pikeun Nyukséskeun Kampanyeu MR Taun 2017 di Kota Sukabumi.