PAMARÉNTAH KOTA SUKABUMI GEUS NYALURKEUN BSPS TAUN 2017 ANU GEDÉNA RP. 1,480 MILIAR

Reporter : ENDANG SUMARDI

Pamaréntah Kota Sukabumi, geus nyalurkeun BSPS (Bantuan Stimulan Paimahan Swadaya) Taun 2017, anu gedéna Rp. 1,480 miliar, ti KemenPU-PR (Kementrian Pekerjaan Umum jeung Perumahan Rakyat) RI, ka 100 urang warga masarakat anu ngabogaan pangasilan handap jeung boga imah anu teu pantes dicicingan, di wewengkon Kalurahan Nyomplong jeung Kalurahan Dayeuhluhur, Kacamatan Warudoyong, Kota Sukabumi. Ěta bantuan téh dipasrahkeun ku Wakil Walikota Sukabumi, H. Achmad Fahmi, S.Ag., M.M.Pd., dina acara sosialisasi pamasrahan éta bantuan, cindekna tanggal 26 Juli 2017, di Rohangan Pasamoan Kantor Kacamatan Warudoyong.

Hadir dina kasempetan éta, wawakil ti KemenPU-PR RI, Kapala DPU-PRP-KPP (Dines Pekerjaan Umum, Penataan Ruang, Perumahan, Kawasan Permukiman jeung Pertanahan) Kota Sukabumi, Dr. Ir. H. Asép Irawan, M.Sc., Camat Warudoyong, Drs. R. Samiarto, M.Si. jeung unsur Muspika (Musawarah Pingpinan Kacamatan) Warudoyong séjénna, Lurah Nyomplong, Ědi Sukarya, S.H., Lurah Dayeuhluhur, Rosidin Muhamad Suwardi, S.IP., warga masarakat anu narima éta bantuan jeung para tamu ondangan liainna.

Dina biantarana, Wakil Walikota Sukabumi ngajelaskeun, dumasar kana Undang-Undang Nomer 1 Taun 2011 Ngeunaan Paimahan jeung Kawasan Pamukiman, yén pola dina ngungkulan pamukiman kumuh téh dilaksanakeun ngaliwatan pamugaran, parumajaan jeung pamukiman deui. Hartina, satiap warga nagara ngabogaan hak mibanda imah anu pantes dicicingan. Tah kulantaran kitu, Pamaréntah Kota Sukabumi salawasna usaha satékah polah, sangkan satiap warga masarakat anu ngabogaan pangasilan handap di Kota Sukabumi, mibanda imah anu pantes dicicingan.

Salajuna dijelaskeun, dina taun anggaran 2017 ieu, Kota Sukabumi meunang program BSPS anu gedéna Rp. 1,480 miliar, ti KemenPU-PR RI, pikeun 100 urang warga masarakat anu ngabogaan pangasilan handap jeung boga imah anu teu pantes dicicingan, di wewengkon Kalurahan Nyomplong jeung Kalurahan Dayeuhluhur, Kacamatan Warudoyong, Kota Sukabumi, nya éta pikeun Kalurahan Nyomplong gedéna Rp. 730 juta, jeung pikeun Kalurahan Dayeuhluhur gedéna Rp. 750 juta, atawa masing-masing warga masarakat anu narima éta bantuan gedéna kurang leuwih Rp. 15 juta.

Wakil Walikota Sukabumi ngaharepkeun, éta program téh bisa ngalancarkeun kana usaha sakumna pihak, hususna dina ngajalankeun pancén ngungkulan kamiskinan di Kota Sukabumi, dina raraga ngawujudkeun Kota Sukabumi anu Rahmatan Lil Alamin. Salain ti éta, Wakil Walikota Sukabumi miharep sakaligus meredih ka sakumna warga masarakat anu narima éta bantuan, sangkan digunakeun sahadé-hadéna, luyu jeung katangtuan aturan katut undang-undang anu ditetepkeun, nya éta pikeun waragad pamugaran, parumajaan jeung pamukiman deui.