
Reporter : ENDANG SUMARDI
Walikota Sukabumi, H. Mohamad Muraz, S.H., M.M., nandeskeun sakaligus mutuskeun ngabekukeun saheulaanan Kandaraan Angkutan Online di wewengkon Kota Sukabumi, saméméh éta kandaraan téh nyumponan kawajiban luyu jeung katangtuan Permenhub (Peraturan Mentri Perhubungan) RI Nomer 26 Taun 2017, Ngeunaan Panyalagaraan Angkutan Jalma Ku Kandaraan Bermotor Umum Lain Dina Trayék. Lantaran Pausahaan Angkutan Online téh, saeutikna kudu nyumponan 3 hal saméméh kandaraannana dioprasikeun, nya éta kawajiban Pausahaan Online luyu jeung katangtuan Permenhub RI Nomer 26 Taun 2017, ngalaksanakeun sagala rupa hal anu dilarang dina Permenhub Nomer 26 Taun 2017, sarta ayana koordinasi katut komunikasi jeung Angkutan Konvensional.
Salajuna ditandeskeun, kaputusan ngabekukeun saheulaanan Kandaraan Angkutan Online di wewengkon Kota Sukabumi téh, baris sagancangna dimuat dina SK (Surat Kaputusan) Walikota Sukabumi. Salian ti éta, Walikota Sukabumi ogé nandeskeun, yén Pamaréntah Kota Sukabumi geus ngararancang baris mupus Rétribusi Angkutan Umum. Ngan éta rararancang téh kudu dibahas jeung dikaji heula, nya éta paling lila dina jangka waktu 3 minggu ka hareup.
Ěta hal téh ditepikeun ku Walikota Sukabumi, dina audiénsi Pamaréntah Kota Sukabumi jeung Organda (Organisasi Angkutan Darat) Kota katut Kabupatén Sukabumi, cindekna tanggal 1 Agustus 2017, di Rohangan Rapat Dines Perhubungan Kota Sukabumi. Hadir dina kasempetan éta, Sekertaris Daérah Kota Sukabumi, Kapala Dines Perhubungan Kota Sukabumi, Kasatlantas (Kapala Satuan Lalu Lintas) Polres Sukabumi Kota, pawakilan Ojég Pangkalan jeung pawakilan Pausahaan Angkutan Online, boh Gojég boh Ayojég.
Anapon sababahara kawajiban anu kudu dicumponan ku Pausahaan Angkutan Online sakumaha anu kaunggel dina Permenhub Nomer 26 Taun 2017 téh, diantarana STNK (Surat Tanda Nomer Kandaraan) Badan Hukum, anu saméméhna STNK Pausahaan direvisi jadi STNK Badan Hukum. Ngan parandéné kitu, pikeun STNK anu masih kénéh asma pribadi, masih tetep laku nepi ka béak mangsa lakuna.
Sedengkeun pangalihan STNK jadi Badan Hukum téh, kudu ngalampirkeun Akte Notaris anu ngamuat kasadiaan STNK jadi Badan Hukum jeung Hak Kapamilikan Kandaraan tetep jadi hak pribadi. Salajuna KIR atawa Pangujian Berkala Kandaraan Bermotor, anu saméméhna dilaksanakeun ku cara pangetokan, disaluyukeun jadi ku plat anu di-emboss. Ngan pikeun Kandaraan Bermotor paling lila 6 bulan ti mimiti dikaluarkeunnana STNK, teu perlu diuji KIR, tapi cukup ku ngalampirkeun SRUT (Sértifikat Registrasi Uji Tipeu).
Saterusna Pasaratan Ijin Panyalagaraan Angkutan Umum Online anu saméméhna kudu ngabogaan pool, disaluyukeun jadi ngabogaan tempat panyimpenan kandaraan, sarta kudu mampuh nampung jumlah kandaraan anu dipibanda, kalayan bisa nyadiakeun béngkél sorangan pikeun fasilitas dina miara kandaraan, atawa gawé bareng jeung pihak séjén.
Disagigireun ti éta, substansi pikeun kapentingan pajeg dina panyalagaraan Angkutan Umum Taksi Online téh, dilimpahkeun ka Pausahaan Aplikasi, luyu jeung usul ti Ditjén (Diréktorat Jéndral) Pajeg, sarta Aksés Dashboard ngarupakeun katangtuan anyar anu ditambahkeun dina ngarevisi ieu aturan, nya éta wajib méré Aksés Digital Dashboard ka Dirjén Hubdat (Diréktur Jéndral Perhubungan Darat) Kamentrian Perhubungan RI, jeung kanu méré Ijin Panyalagaraan Angkutan Umum Online, pikeun kapentingan dina niténan jeung nalingakeun Oprasional Taksi Online.
Tah kulantaran kitu, Walikota Sukabumi miharep jeung meredih ka sakumna Supir Angkutan Umum di Kota Sukabumi, sangkan terus jeung salawasna ngalaksanakeun kagiatannana saban poé sakumaha biasana, jeung saupama nempo aya Kandaraan Angkutan Online oprasi sanggeus aya SK dibekukeunnana saheulaanan, teu meunang ditindak atawa maén hakim sorangan, tapi kudu dilaporkeun ka aparat anu ngabogaan pancén jeung kawajiban kana éta hal.