
Reporter : ENDANG SUMARDI
Kapala Kantor ATR BPN (Agraria jeung Tata Rohang Badan Patanahan Nasional) Kota Sukabumi, A. Wajah Ganjar nandeskeun, Kota Sukabumi meunang jatah sértifikat haratis pikeun 11 rébu widang tanah, keur warga masarakat di 10 kalurahan, ngaliwatan program PTSL (Pendaftaran Tanah Sistematis Lengkep).
Anapon ka 10 kalurahan anu meunang jatah éta sértifikat téh, nya éta Kalurahan Gedong Panjang Kacamatan Citamiang réana 579 widang, Kalurahan Cibeureum Hilir Kacamatan Cibeureum réana 1.000 widang, Kalurahan Sindang Palay Kacamatan Cibeureum réana 900 widang, jeung Kalurahan Limusnunggal Kacamatan Cibeureum réana 1.060 bidang.
Salajuna Kalurahan Baros Kacamatan Baros réana 1.750 widang, Kalurahan Jayaraksa Kacamatan Baros réana 1.000 widang, Kalurahan Jayamekar Kacamatan Baros réana 1.250 widang, Kalurahan Sudajaya Hilir Kacamatan Baros réana 1.000 widang, Kalurahan Cikundul Kacamatan Lembursitu réana 1.871 widang, jeung Kalurahan Sindangsari Kacamatan Lembursitu réana 590 widang.
Kapala Kantor ATR BPN Kota Sukabumi ngajelaskeun, tina 11 rébu widang tanah téh, anu geus kaukur réana 9.268 widang, anu geus kapetakeun réana 6.506 widang, anu geus diumumkeun réana 4.358 widang, jeung anu geus dibagikeun di Bandung réana 100 widang. Salian ti éta ogé dijelaskeun, pihak Kantor ATR BPN Kota Sukabumi, danget ieu keur usaha satékah polah ngalaksanakeun pangukuran pikeun 1.732 widang anu can diukur, lantaran kudu réngsé nepi ka bulan Séptémber 2017 nu bakal datang.
Tah kulantaran kitu, Kapala Kantor ATR BPN Kota Sukabumi cumeluk ka warga masarakat di 10 kalurahan anu meunang jatah sértifikat haratis téh, utamana anu tanahna can disértifikatkeun, sangkan sagancangna ngurus jeung nyumponan rupa-rupa pasaratannana, supaya tanahna bisa disértifikatkeun.
Sedengkeun halangan anu ngahambat jeung anu nyababkeun targét PTSL ieu can kahontal téh, nurutkeun Kapala Kantor ATR BPN Kota Sukabumi, diantarana réa lokasi imah warga masarakat anu jauh, réa warga masarakat anu can paham jeung can ngarti, sarta réa warga masarakat anu ngabogaan sangkaan, yén nyieun éta sértifikat téh kudu mayar, padahal henteu mayar alias haratis.
Nyigeung tanah sengkéta, sakumaha anu dijelaskeun ku Kapala Kantor ATR BPN Kota Sukabumi, tanahna tetep dikur, ngan teu didaptarkeun, tapi ngan ukur diasupkeun kana daptar K2 atawa K4. Maksud jeung tujuannana, sangkan sakabéh kalurahan kaukur, jeung sanggeus sengkétana réngsé baris diurus sértifikatna.