
Reporter : ENDANG SUMARDI
Baznas (Badan Amil Zakat Nasional) Kota Sukabumi, geus nyalurkeun Zakat, Infaq jeung Sodaqoh Tahun 2017 anu gedéna Rp. 139.650.000,00. Nya éta Bantuan Program Sukabumi Cerdas mangrupa 450 Pakét Tas, Qur’an, Buku Tulis, Buku Gambar jeung Alat Sakola ka 450 Budak Sakola ti Baznas Propinsi Jawa Barat anu gedéna Rp. 66.150.000,00, Bantuan Sukabumi Paduli nya éta Ngoméan 5 Rutilahu (Rumah Tidak Layak Huni) Warga Masarakat anu gedéna Rp. 12.500.000,00, Bantuan Sukabumi Sajahtra mangrupa Bantuan Modal Usaha ka 30 urang Warga Masarakat anu gedéna Rp. 15.000.000,00, Bantuan Sukabumi Cerdas ka 180 Budak Sakola anu gedéna Rp. 36.000.000,00, jeung Bantuan Sukabumi Taqwa ka 100 urang Guru Ngaji anu gedéna Rp. 10.000.000,00.
Ěta panyaluran Zakat, Infaq jeung Sodaqoh téh, dipasrahkeun sacara simbolis ku Walikota Sukabumi, H. Mohamad Muraz, S.H., M.M., dina acara Silaturahmi jeung Tasyakur Bi Nikmat Pangéling-ngéling Milang Kala Ka 72 Kamerdékaan RI Taun 2017, cindekna tanggal 22 Agustus 2017, di Masjid Agung Kota Sukabumi.
Hadir dina kasempetan éta, Pingpinan DPRD Kota Sukabumi, unsur Forkopinda (Forum Komunikasi Pingpinan Daérah) Kota Sukabumi, Sekertaris Daérah Kota Sukabumi, para Asistén Daérah Kota Sukabumi, para Kapala SKPD (Satuan Kerja Parangkat Daérah), Kapala Kantor Kemenag (Kementrian Agama) Kota Sukabumi, Ketua Baznas Propinsi Jawa Barat jeung Baznas Kota Sukabumi, Ketua MUI Kota Sukabumi, para Alim Ulama, para Sesepuh, Inohong Masarakat jeung Pamuda, sarta para tamu ondangan lianna.
Dina biantarana, Walikota Sukabumi ngahaturkeun nuhun jeung pangajén anu saluhur-luhurna ka sakumna réngréngan Pangurus Baznas Propinsi Jawa Barat jeung Baznas Kota Sukabumi, anu geus nyalurkeun Zakat, Infaq jeung Sodaqoh Taun 2017 sarta nyalagarakeun acara Silaturahmi jeung Tasyakur Bi Nikmat Pangéling-ngéling Milang Kala Ka 72 Kamerdékaan RI Taun 2017. Ieu hal téh ngarupakeun sala sahiji bukti nyata, yén Pamaréntah Kota Sukabumi téh teu ngalaksanakaeun sorangan, hususna dina usaha ngaronjatkeun kasajahtraan jeung ngamamurkeun warga masarakat Kota Sukabumi.
Salajuna dijelaskeun, poténsi Zakat, Infaq jeung Sodaqoh hususna di Kota Sukabumi, saupama dikalola jeung dimanage sacara hadé, mangpaatna pikeun warga masarakat kacida gedéna. Tah kulantaran kitu, Pamaréntah Kota Sukabumi salawasna usaha satékah polah ngadorong kasadaran warga masarakat hususna para PNS di lingkungan Pamréntah Kota Sukabumi, pikeun salawasna mayar Zakat, Infaq jeung Sodaqoh, ngaliwatan Baznas Kota Sukabumi.
Salian ti éta, Walikota Sukabumi ogé ngaharepkeun ka pihak Baznas Kota Sukabumi, sangkan salawasna usaha satékah polah ngalaksanakeun sosialisasi ngeunaan kautamaan jeung pentingna mayar Zakat, Infaq jeung Sodaqoh ka sakumna lapisan warga masarakat hususna umat Islam di Kota Sukabumi, ku cara salawasna usaha ngagali jeung nyiptakeun rupa-rupa program anu inovatif, anu pamustungannana kasadaran warga masarakat dina mayar Zakat, Infaq jeung Sodaqoh di Kota Sukabumi terus ngaronjat.
Sedengkeun Ketua Komisioner Baznas Kota Sukabumi, Ir. H. Fifif Kusumajaya, M.M. ngajelaskeun, hasil Pangumpulan Zakat, Infaq jeung Sodaqoh di Kota Sukabumi nepi ka Bulan Juli 2017, sagemblengna ngahontal Rp. 1.532.940.000,00. Nya éta Zakat Maal ngahontal Rp. 708.221.000,00, Zakat Fitrah Rp. 504.000,000,00, Infaq jeung Sodaqoh Rp. 160.716.000,00, ti Pamaréntah Kota Sukabumi Rp. 60.000.000,00, jeung DSKL (Dana Sosial Kaagamaan Lainna) Baznas Propinsi Jawa Barat Rp. 100.000.000,00.
Anapon Panyalurannana ngahontal Rp. 109.400.000,00, nya éta Amil jeung Oprasional ngahontal Rp. 86.630.000,00 jeung Sosialisasi Gerakan Sadar Zakat ngahontal Rp. 22.770.000,00. Saterusna Pendistribusiannana ngahontal Rp. 474.000.000,00, nya éta Fakir jeung Miskin ngahontal Rp. 199.109.000,00, Fisabilillah ngahontal Rp. 231.744.000,00, Ibnusabil ngahontal Rp. 24.915.000,00, sarta Mualaf, Gorimin jeung Riqob ngahontal Rp. 18.590.000,00.
Salajuna Pemberdayaan jeung Pandayagunaannana ngahontal Rp. 510.000.000,00, nya éta Program Sukabumi Taqwa ngahontal Rp. 149.775.000,00, Sukabumi Sehat, Sukabumi Cerdas jeung Sukabumi Sajahtra ngahontal Rp. 61.257.000,00, Sukabumi Paduli ngahontal Rp. 143.340.000,00, Sukabumi Barokah ngahontal Rp. 56.000.000,00 jeung Rutilahu Baznas Propinsi Jawa Barat ngahontal Rp. 100.000.000,00.