DIRÉKTORAT PEMBERDAYAAN INFORMATIKA NYALAGARAKEUN KAGIATAN ĚDUKASI UMKM

Reporter : ENDANG SUMARDI

Diréktorat Pemberdayaan Informatika Ditjén (Diréktorat Jéndral) Aplikasi Télématika Kemenkominfo (Kementrian Komunikasi jeung Informatika) RI, nyalagarakeun acara Kolaborasi Kagiatan Ědukasi UMKM (Usaha Mikro Kecil jeung Menengah), di Yogya Departmént Storé Kota Sukabumi, cindekna tanggal 13 Séptémber 2017, anu ngangkat téma UMKM Go Onliné Road to Oné Million, sarta dieusi kagiatan paméran jeung bazaar rupa-rupa produk UMKM ti Kota jeung Kabupatén Sukabumi.

Ěta kagiatan anu dibuka sacara resmi ku Walikota Sukabumi, H. Mohamad Muraz, S.H., M.M. téh, ngarupakeun hasil gawé bareng antara Kemenkominfo RI katut Dikominfo (Dines Komunikasi jeung Informatika) Kota Sukabumi, sarta diiluan ku para palaku UMKM Kota Sukabumi jeung Komunitas Kréatif Kota Sukabumi. Ěta kagiatan téh dieusi ku acara sosialisasi platform jual beuli online jeung shopee, sarta pasilitatorna ti Kemenkominfo RI, hususna ngeunaan tata cara masarkeun produk sacara kréatif.

Dina biantarana Walikota Sukabumi ngajelaskeun, Kota Sukabumi ngarupakeun sala sahiji kota ti 6 kota jeung kabupatén sa  Indonésia, anu geus ngabogaan Dokumén Perencanaan Smart City. Malah dina danget ieu keur dibingbing ku pihak Kemenkominko RI, hususna dina Nyusun Blué Print Smart City, nya éta ngangkat poténsi UMKM sorangan, sabagé Targét Quick Win atawa Targét Jangka Pondok, dina nyusun éta Blue Print.

Tah kulantaran kitu, Walikota Sukabumi cumeluk ka para palaku UMKM di Kota Sukabumi anu kacatet di Diskop UKM-PP (Dines Koprasi, Usaha Kecil Menengah, Perdagangan jeung Perindustrian) Kota Sukabumi, anu jumlahna ngahontal 18.310 UMKM, supaya bisa ngajaga kautuhan jeung ajén produk, utamana dina waktu ngamimitian masarkeun produk sacara online.

Walikota Sukabumi ogé ngajelaskeun, salian ngalaksanakeun Kolaborasi Kagiatan Ědukasi UMKM anu dicalagarakeun ku Diréktorat Pemberdayaan Informatika Ditjén Aplikasi Télématika Kemenkominfo RI, Pamaréntah Kota Sukabumi ngaliwatan Dispusip (Dines Perpustakaan jeung Kaarsipan) Kota Sukabumi, ogé nyalagarakeun Palatihan UMKM, anu bisa diiluan satiap waktu, sarta dirojong ku 14 komputer jeung jaringan internét, tanpa dipulut waragad alias haratis.

Sedengkeun Diréktur Pemberdayaan Informatika Ditjén Aplikasi Télématika Kemenkominfo RI, Séptiana Tangkari, S.Ě., M.M. ngajelaskeun, poténsi Ě-Commérce di Indonésia kacida gedéna. Lantaran nepi ka danget ieu téh, palaku UMKM di Indonésia geus ngahontal 56 juta. Saterusna dijelaskeun, tina jumlah éta téh ditargétkan 8 juta masarkeun produkna sacara online, anu diharepkeun bisa ngaronjatkeun Angka PDB (Produk Doméstik Bruto) kira-kira 130 juta dolar. Salian ti éta ogé dijelaskeun, mangpaat tina masarkeun produk sacara online téh, ngarupakeun sala sahiji targét pamaréntah, nuju Indonésia Ěnergi Digital Asia.