
Ku : ENDANG SUMARDI
Sukabumi Tinggal Resmi téh sala sahiji uga Kota Sukabumi, anu hésé pisan diguar jeung diteuleumanana. Ngan lamun nurutkeun bahasa Kawi mah, kecap resmi téh ngandung harti hadé, luhung, rahayu, beresih, éndah, asri, séhat, tartib jeung sajabana ti éta. Hal éta téh luyu jeung kaayaan nu kajadian, pang-pangna sanggeus Kota Sukabumi jeung Kabupatén Sukabumi leupas ti Kabupatén Cianjur, katut dipindahkeunana Ibukota Karesidénan Priangan ti Cianjur ka Kota Bandung, tepatna dina taun 1864. Dina waktu éta, Kota Sukabumi téh dijadikeun puseur wisata di Karesidenan Priangan. Malah kawentar disarebut sabagé resort turis Priangan.
Pamindahan Ibukota Priangan téh, diusulkeun ku salasaurang tuan tanah, Dr. Andries de Wilde, cindekna dina taun 1819. Ěta usulan téh kakara ditarima jeung disatujuan ku Gubernur Jénderal, Charles Férdinan pahud, dina taun 1856. Ngan pamindahanana kakara bisa dilaksanakeun dina taun 1864 ku Residén Priangan, Van der Moore, bareng jeung kajadian alam bituna Gunung Gedé anu ngancur-leburkeun Sukabumi jeung Cianjur. Pindahna Ibukota Priangan téh luyu jeung cacandran atawa tanda-tanda jaman tinulis alias uga, nya éta Bandung Heurin Ku Tangtung, Sumedang Ngarangrangan, Garut atawa Sukapura Ngadaun Ngora, Cianjur Katalanjuran, jeung Sukabumi Tinggal Resmi.
Numutkeun sala saurang ahli sajarah, Ki R. Jaya, dipindahkeunana Ibukota Priangan ti Cianjur ka Kota Bandung téh, keur urang Kota Sukabumi mah ngarupakeun sala sahiji kauntungan. Sabab méh sawarnaning kagiatan kawisataan jaman harita, saperti palacuran, judi jeung panyakit masarakat liana, milu ngolosod pindah ka Kota Bandung. Mun teu kitu, éta panyakit masarakat téh tangtuna ogé baris tumuwuh kawalan mekar di Kota Sukabumi.
Masih numutkeun Ki R. Jaya, uga Sukabumi Tinggal Resmi téh, henteu ngandung harti anu goreng, tapi sabalikna. Nya éta ngandung harti hadé, beresih, éndah, asri, séhat jeung tartib, luyu jeung kaayaan alam Kota Sukabumi. Hal éta téh ngajadikeun sala sahiji daya tarik jeung pangirut keur para sémah, nya éta baretah cicing atawa dumuk di Kota Sukabumi, luyu jeung harti ngaran Sukabumi nya éta asal kecap tina Suka Bumen-bumen alias bubuara.
Pamanggih Ki R. Jaya téh, nurutkeun sababaraha urang inohong di Kota Sukabumi bisa ditarima, lantaran luyu jeung kanyataanana. Buktina dina widang kabersihan, nepi ka danget ieu téh Kota Sukabumi geus sababaraha kali meunang layang pangajén Adipura, ti Pamarentah Puseur. Salian ti éta, dina sawatara taun ka tukang, cindekna dina taun 2006, Kota Sukabumi téh meunang layang pangajén ti Tim Penilai Bangun Praja, nya éta kota pang beresihna di tatar Jawa Barat jeung pang beresihna kadua ti Pulo Jawa. Salajuna dina widang katartiban patalimarga, Kota Sukabumi téh geus sababaraha kali meunang layang pangajén WTN (Wahana Tata Nugraha), ti Pamaréntah Puseur.
Saterusna dina widang kaséhatan hususna UKS (Usaha Kaséhatan Sakola), Kota Sukabumi méh saban taun jeung geus sababaraha kali meunang gelar juara kahiji LSS (Lomba Sakola Séhat) Tingkat Propinsi Jawa Tingkat jeung Tingkat Nasional, pikeun sakumna tingkat sakola, nya éta ti timimiti tingkat TK nepi ka tingkat SLTA.
Ěta rupa-rupa prestasi anu geus kacangking ku Kota Sukabumi téh, luyu jeung Visi Pangwangunan Kota Sukabumi Taun 2005-2025, nya éta Ngawujudna Kota Sukabumi, Sabagé Puseur Palayanan Anu Hadé Dina Widang Pendidikan, Kaséhatan jeung Perdagangan di Jawa Barat, Anu Didadasaran Ku Iman jeung Taqwa; sarta Visi Walikota katut Wakil Walikota Sukabumi Taun 2013-2018, nya éta Ku Iman jeung Taqwa, Ngawujudkeun Pamaréntahan Anu Rahmatan Lil Alamin.
Tah ku kituna, ku réana prestasi anu dicangking ku Kota Sukabumi luyu jeung uga Sukabumi Tinggal Resmi téh, réa inohong masarakat, budayawan, seniman jeung sajarawan Kota Sukabumi, ngaharepkeun ka Pamaréntah Kota Sukabumi, sangkan éta uga Sukabumi Tinggal Resmi téh, dilestarikeun atawa diabadikeun dina hiji tugu, mun bisa mah di Puseur Dayeuh Sukabumi cenah. Hatur nuhun sateuacanna!