KOTA SUKABUMI GEUS DIAJÉN KU TIM PANGAJÉN LOMBA POSYANDU TINGKAT PROPINSI JAWA BARAT TAUN 2017

Reporter : ENDANG SUMARDI

Kota Sukabumi geus diajén ku Tim Pangajén Lomba Posyandu Tingkat Propinsi Jawa Barat Taun 2017, cindekna tanggal 20 Oktober 2017. Anapon kadatangan éta Tim Pangajén téh, dibagéakeun sakaligus ditarima sacara resmi ku Sekrrtaris Daérah Kota Sukabumi, Dr. H.M.N. Hanafie Zain, M.Si., di Rohangan Utama Balé Kota Sukabumi.

Dina biantarana Sekertaris Daérah Kota Sukabumi ngahaturkeun wilujeng sumping sarta ngahaturkeun nuhun anu saluhur-luhurna, ka Tim Pangajén Lomba Posyandu Tingkat Propinsi Jawa Barat Taun 2017, kana kahadiranana di Kota Sukabumi, pikeun ngalaksanakeun pangajénan jeung paniténan langsung ka Posyandu nu aya di Kota Sukabumi. Sekertaris Daérah Kota Sukabumi ngaharepkeun, ku dilaksanakeunana pangajénan ka Posyandu di Kota Sukabumi téh, bisa ngahudangkeun jeung ngagedurkeun sumanget para Kader Posyandu di Kota Sukabumi, hususna dina ngaronjatkeun peran, tugas jeung fungsina, supaya sakumna Posyandu nu aya di Kota Sukabumi téh bisa leuwih hadé deui, utamana dina méré jeung ngaronjatkeun palayanan ka warga masarakat nu aya di sabudeureun Posyanduna masing-masing, luyu jeung anu diharepkeun ku sakumna pihak, lain ukur ngudag pikeun jadi juara wungkul. Salian ti éta, Sekertaris Daérah Kota Sukabumi ogé neda dihampura anu saluhur-luhurna, saupama dina ngabagéakeun jeung narima Tim Pangajén Lomba Posyandu Tingkat Propinsi Jawa Barat Taun 2017 ieu téh, réa pisan kakurangananana.

Sedengkeun Pupuhu Tim Pangajén Lomba Posyandu Tingkat Propinsi Jawa Barat Taun 2017, Marwani ngajelaskeun, maksud jeung tujuan kadatangan jeung kahadiranana di Kota Sukabumi téh, nya éta salian ti pikeun ngalaksanakeun pangajénan, ogé pikeun ngahudangkeun jeung ngagedurkeun sumanget sakaligus ngabina para Kader Posyandu di Kota Sukabumi. Lantaran Posyandu téh ngabogaan peran anu kacida strategisna, sarta di satiap Posyandu téh, warga masarakat hususna barudak generasi bangsa, dibéré kamandang-kamandang anu positip jeung aya mangpaatna ti keur leutik kénéh, pikeun bekel kahirupanana dina mangsa nu bakal datang. Tah kulantaran kitu, satiap Posyandu téh tangtuna ogé ngabutuhkeun kader-kaderna anu beunang diandelkeun, tanginas jeung parigel, hususna dina méré palayanan ka warga masarakat.

Hadir dina kasempetan eta, Pupuhu TP PKK Kota Sukabumi, Hj. Ěsih Setiasih Muraz, S.Ě. katut réngréngananana, Asistén Paékonomian jeung Pangwangunan Setda Kota Sukabumi, H. Dédén Soléhudin, S.Ag., M.M., para Kapala OPD (Organisasi Parangkat Daérah) katut lembaga nu aya kaitanana, sarta para Kader Posyandu jeung para tamu ondangan liana.