PAMARÉNTAH KOTA SUKABUMI MÉRÉ PANGAJÉN KA PARA SANTRI KATUT ULAMA

Reporter : ENDANG SUMARDI

Pamaréntah Kota Sukabumi méré pangajén ka para santri katut ulama nu aya di Kota Sukabumi, hususna ka nu ngadegkeun Pondok Pasantrén Syamsul Ulum Gunung Puyuh Kota Sukabumi, K.H. Ahmad Sanusi, ku cara ngaabadikeun asmana éta ulama, dina jalan jeung terminal, nya éta Jalan K.H. Ahmad Sanusi jeung Terminal Typeu A K.H. Ahmad Sanusi Kota Sukabumi. Sakumaha anu dijelaskeun ku Walikota Sukabumi, H. Mohamad Muraz, S.H., M.M., éta téh sabagé sala sahiji wujud nyata pangajén Pamaréntah Kota Sukabumi, kana jasa para santri katut ulama di Kota Sukabumi. Salian ti éta, Pamaréntah Kota Sukabumi ogé keur usaha satékah polah, pikeun ngawujudkeun Museum K.H. Ahmad Sanusi Kota Sukabumi, anu tempatna nurutkeun rarancang di sabudeureun Terminal Typeu A K.H. Ahmad Sanusi Kota Sukabumi. Anu teu éléh penting, Pamaréntah Kota Sukabumi ogé geus ngararancang, yén dina satiap mapag Pangéling-ngéling Poé Santri, baris dilaksanakeun jarah ka makam para ulama, anu dimimitian ti makam K.H. Ahmad Sanusi.

Walikota Sukabumi ngaharepkeun, ku geus dilaksanakeunana Pangéling-ngéling Poé Santri Nasional Taun 2017 Tingkat Kota Sukabumi cindekna tanggal 22 Oktober 2017 téh, bisa leuwih ngaronjatkeun peran Pondok Pasantrén, para santri katut ulama sarta sakumna unsur stake holders nu aya di Kota Sukabumi. Maksud jeung tujuanana, pikeun ngarojong kalancaran sarta kamajuan bangsa jeung nagara, hususna di Kota Sukabumi. Komo deui para santri katut ulama mah, teu wanoh kana rumus anti Pancasila jeung anti Nasionalismeu katut anti NKRI (Nagara Kasatuan Républik Indonésia), sarta para santri katut ulama mah lain pangagem paham radikalismeu.

Saterusna dijelaskeun, panetepan Poé Santri Nasional téh, lain ngan saukur nyumponan jangji pulitik Persidén RI, Ir. H. Joko Widodo dina waktu Kampanyeu Pilpres (Pamilihan Persidén) RI wungkul, tapi ogé ngarupakeun sala sahiji wujud nyata pangajén pamaréntah kana peran para santri katut ulamam, dina majoangkeun kamerdékaan Indonésia. Disagigireun ti éta, ogé pikeun miéling peran tokoh-tokoh santri, saperti K.H. Hasyim Asy’ari ti NU (Nahdhatul Ulama), K.H. Ahmad Dahlan ti Muhammadiyah, Ahmad Soorhati ti Al Irsyad, Mas Abdul Rahman ti Mathlaul Anwar jeung A. Hasan ti Persis, sarta 17 perwira PETA (Pembéla Tanah Air) jeung nu séjénna.

Lantaran dina sajarahna, para santri téh ngabogaan peran historis ku cara ngawakapkeun hirupna, pikeun mertahankeun kadaulatan NKRI jeung ngawujudkeun cita-cita kamerdékaan Indonésia. Lian ti éta ogé dijelaskeun, résolusi jihad anu dilaksanakeun ku ulama anu ngadegkeun NU, K.H. Hasyim Asy’ari dina tanggal 22 Oktober 1945 di Surabaya téh, nya éta pikeun ngungkulan balikna deui Tentara Kolonial Belanda asmana Nica. Ěta uar pangajak jihad pikeun mélaan lemah cai ti penjajah téh hukumna fardhu ‘ain atawa hukumna wajib pikeun satiap individu. Tah kulantaran kitu, para santri katut sakumna élemén bangsa Indonésia, dina waktu harita ngagabung pikeun ngalaksanakeun résolusi jihad ku cara masing-masing.