SANGGEUS IKRAR PAMUDA LUMANGSUNG 17 TAHUN NGALAHIRKEUN PROKLAMASI KAMERDÉKAAN RI

Reporter : ENDANG SUMARDI

Menpora (Mentri Pamuda jeung Olahraga) RI, Imam Nahrawi nandeskeun, 89 taun anu kalarung cindekna dina tanggal 28 Oktober 1928, sajumlah 71 pamuda ti sakuliah Indonésia, ngumpul ngariung di hiji gedong di Jalan Kramat Raya, wewengkon Kwitang Jakarta, ngikrarkeun diri sabagé hiji nusa, hiji bangsa jeung hiji bahasa, nya éta Indonésia. Ěta ikrar téh kacida monuméntal pikeun pajalanan sajarah bangsa Indonésia. Sabab sanggeus éta ikrar lumangsung 17 taun, ngalahirkeun Proklamasi Kamerdékaan RI, tanggal 17 Agustus 1945. Panandesan Menpora éta téh, ditepikeun ku Walikota Sukabumi, H. Mohamad Muraz, S.H., M.M., dina Upacara Pangéling-Ngéling Ka 89 Poé Sumpah Pamuda Taun 2017 Tingkat Kota Sukabumi, poé Saptu, 28 Oktober 2017, di Lapangan Merdéka Kota Sukabumi, anu ngangkat téma, Pamuda Indonésia Wani Ngahiji, sarta tagline atawa hashtagna nya éta Wani Ngahiji.

Sedengkeun Sumpah Pemuda, dibacakeun di aréna Kongrés Pamuda ka 2, anu dihadiran ku pamuda lintas suku, agama jeung daérah. Saupama maca dokumén sajarah Kongres Pamuda ka 2, baris manggihan daftar panitia jeung pamilon kongrés anu asalna ti pulo-pulo jauh Indonésia, jeung sacara imaginatif sulit dibayangkeun bisa panggih kalayan gampang. Nya éta ti tatar kulon Indonésia, aya ngaran Mohammad Yarnin, sala saurang pamuda kalahiran Sawah Lunto Sumatra Barat anu ngawakilan organisasi pamuda Sumatra, Jong Sumatranen Bond. Ti tatar wétan Indonésia, Johannes Leimena, kalahiran Kota Ambon Maluku, ngawakilan organisasi pamuda Jong Ambon. Ogé aya ngaran Katjasungkana ti Madura, jeung Cornelis Lefrand Senduk, ngawakilan organisasi pamuda Sulawesi, Jong Celebes.

Salajuna Menpora tumanya, pernah teu ngabayangkeun kumaha carana Mohammad Yamin ti Sawah Lunto bisa panggih jeung Johannes Leimena ti Ambon, sarta Katjasungkana ti Madura bisa panggih jeung Lefrand Senduk ti Sulawesi? Jeung lain ngan saukur panggih wungkul, tapi nyalagarakeun diskusi, tukeur pikiran jeung ngasakeun gagasan, anu pamustunganana bisa sapamadegan meungkeutkeun diri dina komitmen ka-Indonésiaan. Padahal jarak antara Sawah Lunto jeung Kota Ambon téh leuwih ti 4.000 kilometer, ampir sarua jeung jarak antara Kota Jakarta ka Kota Sanghai di China. Lian ti éta, ogé  sarana transportasi umum dina waktu harita masih ngandelkeun laut, sarta ngabutuhkeun waktu mang minggu-minggu pikeun bisa nepi ka kota arinyana masing-masing. Salajuna alat komunikasi ogé masih kénéh kawates, nya éta ukur ngandelkeun surat ngaliwatan Kantor Pos, anu ngabutuhkeun waktu lila pisan, nya éta antara sabulan nepi ka dua bulan kakara nepi ka alamat anu dituju.

Can saupama nyarita ngeunaan pabédaan agama jeung bahasa, sabab Mohammad Yamin ngagem agama Islam jeung bahasa Malayu, sedengkeun Johannes Leimena ngagem agama Protestan jeung bahasa Ambon. Kitu deui Katjasungkana, Lefrand Senduk jeung para pamuda pamilon kongrés pamuda lainna, pada-pada mibanda kasang tukang agama, suku, bahasa jeung adat istiadat anu beda-beda. Ngan parandéné kitu, fakta sajarah nunjukkeun, yén éta watesan-watesan téh teu jadi halangan keur para pamuda Indonésia pikeun ngahiji demi cita-cita Indonésia. Tah éta anu disebut Wani Ngahiji téh.

Dina kasempetan éta, Walikota Sukabumi masrahkeun Layang Pangajén ka para mantén Ketua KNPI Kota Sukabumi, para pamuda pelopor, para juara LSS (Lomba Sakola Séhat) Tingkat Kota Sukabumi, katut ka para palajar anu ngbogaan prestasi di Tingkat Kota Suikabumi jeung Propinsi Jawa Barat, diteruskeun ngaresmikeun Monument Pamuda, cindekna di pertelon Jalan Masjid jeung Jalan Véteran II Kota Sukabumi.

Anapon anu hadir dina kasempetan éta, Wakil Walikota Sukabumi, H. Achmad Fahmi, S.Ag., M.M.Pd., Pingpinan katut Anggota DPRD Kota Sukabumi, Unsur Forkopimda (Forum Komunikasi Pimpinan Daérah) Kota Sukabumi, Sekertaris Daérah Kota Sukabumi, Dr, H.M.N. Hanafie Zain, M.Si., Ketua katut Wakil Ketua TP PKK sarta Ketua DWP (Dharma Wanita Persatuan) Kota Sukabumi, para Asistén Daérah Setda Kota Sukabumi, para Kapala OPD (Organisasi Parangkat Daérah), para Camat jeung Lurah, sarta para tamu ondangan lianna.