PAMARÉNTAH KOTA SUKABUMI GEUS NGABENTUK DÉSK PILKADA KOTA SUKABUMI TAUN 2018

Reporter : ENDANG SUMARDI

Pamaréntah Kota Sukabumi, geus ngabentuk Désk Pilkada (Pamilihan Kapala Daérah) Kota Sukabumi Taun 2018, nya éta Pilkada Walikota katut Wakil Walikota Sukabumi sarta Gubernur katut Wakil Gubernur Jawa Barat periodeu taun 2018-2023, anu baris dilaksanakeun sacara babarengan dina taun 2018 nu bakal datang. Sakumaha anu dijelaskeun ku Asistén Pamaréntahan Setda Kota Sukabumi, Drs. H. Andri Setiawan, M.M. salaku Wakil Ketua Désk Pilkada Kota Sukabumi Taun 2018, dibentukna ieu Désk Pilkada téh, luyu jeung instruksi ti Kemendagri (Kementrian Dalem Negri) RI.

Anapon maksud jeung tujuanana, nya éta sabagé sala sahiji usaha pikeun nyukséskeun palaksanaan éta Pilkada. Tah ku sabab kitu, Désk Pilkada Kota Sukabumi téh, geus mancén gawé jeung kalibet dina satiap panyiapan panganggaran pikeun KPU (Komisi Pamilihan Umum) Kota Sukabumi jeung Panwaslu (Panitia Pangawas Pemilu) Kota Sukabumi. Salian ti éta, ogé salawasna usaha satékah polah ngalaksanakeun koordinasi jeung kadua éta lembaga, sarta jeung sakumna OPD (Organisasi Parangkat Daérah) katut Instansi nu aya kaitanana di Kota Sukabumi, malar sakumna prosés tahapan éta Pilkada téh, bisa lumangsung sacara hadé jeung lancar sarta kondusif, nya éta aman, tartib, tengtrem, ayem jeung répéh rapih.

Tah kukituna, Désk Pilkada Kota Sukabumi téh, baris salawasna usaha satékah polah ngalaksanakeun pancén gawé sahadé-hadéna, luyu jeung Tupoksi (Tugas Poko jeung Fungsi) katut widang masing-masing, kaasup méré béwara ka sakumna warga masarakat Kota Sukabumi, ngeunaan palaksanaan Pilkada di Kota Sukabumi. Sabab Pamaréntah Kota Sukabumi baris usaha satékah polah nyukséskeun palaksanaan éta Pilkada, ku cara numuwuhkeun jeung ngaronjatkeun ilubiung warga masarakat Kota Sukabumi, dina nyalurkeun soara jeung hak pilihna dina palaksanaan éta Pilkada, ku cara ngalaksanakeun sosialisasi ka warga masarakat Kota Sukabumi, kana pentingna nyalurkeun soara jeung hak pilihna dina palaksanaan éta Pilkada.

Asistén Pamaréntahan Setda Kota Sukabumi ogé ngajelaskeun, hasil gawé Désk Pilkada Kota Sukabumi téh, baris dilaporkeun langsung ka Kapala Daérah Kota Sukabumi, sarta baris diteruskeun ka Kapala Daérah Propinsi Jawa Barat jeung ka Kemendagri RI. Lian ti éta, Asistén Pamaréntahan Setda Kota Sukabumi ngaharepkeun, sangkan sakumna prosés tahapan éta Pilkada téh bisa lumangsung sacara hadé, lancar jeung kondusif, sarta bersih, jujur jeung adil, luyu jeung anu diharepkeun ku sakumna pihak. Tah kulantaran kitu,  Asistén Pamaréntahan Setda Kota Sukabumi ngajak ka sakumna lapisan warga masarakat Kota Sukabumi, pikeun babarengan nalingakeun kana sakumna prosés tahapan palaksanaan éta Pilkada,