
Reporter : ENDANG SUMARDI
Pikeun ka 16 kalina, Kota Sukabumi meunang deui Piala WTN (Wahana Tata Nugraha) Taun 2016, ti Kemenhub (Kementrian Perhubungan) RI. Ěta Piala téh dipasrahkeun ku Menhub (Mentri Perhubungan) RI, Budi Karya Sumadi, disaksian ku Wakil Persidén RI, Jusuf Kalla, ka Walikota Sukabumi, H. Mohamad Muraz, S.H., M.M., sarta sajumlah Bupati katut Walikota séjénna sa Indonésia, anu wewengkonna meunang éta Piala, cindekna tanggal 31 Januari 2017, di Istana Wakil Persidén RI Jakarta.
Saréngséna nampa éta Piala, Walikota Sukabumi ngucap syukur jeung alhamdulillah, lantaran Kota Sukabumi meunang deui Piala WTN pikeun ka 16 kalina, sabab Kota Sukabumi diajén mampuh nata manajemén lalu lintas jeung transportasi di wewengkon Kota Sukabumi. Walikota Sukabumi ngajelaskeun, éta Piala WTN anu hasil dicangking ku Kota Sukabumi pikeun ka 16 kalina téh leuwih sampurna, lantaran aya di tingkatan anu luhur, saupama dibandingkeun jeung taun-taun saméméhna, nya éta Piala WTN Kategori Lalu Lintas jeung Kategori Angkutan.
Salajuna dijelaskeun, Piala WTN téh ngarupakeun layang pangajén pang luhurna anu dipasrahkeun ku Kemenhub RI, ka Kabupatén jeung Kota di Indonésia, anu diajén mibanda kinerja anu hadé dina ngalaksanakeun pangalolaan sistim transportasi. Anapon indikator pikeun meunangkeun éta Piala téh, nya éta tartib lalu lintas, panyalagaraan angkutan, panyalagaraan terminal jeung pangujian kandaraan, sarta fasilitas sarana jeung prasarana LLAJ (Lalu Lintas Angkutan Jalan).
Salian ti éta ogé dijelaskeun, hasilna Kota Sukabumi meunang deui éta Piala téh, kuayana gawé bareng anu hadé, antara Pamaréntah Kota Sukabumi ngaliwatan Dinas Perhubungan Kota Sukabumi jeung Polres Sukabumi Kota ngaliwatan Satlantas (Satuan Lalu Lintas) Polres Sukabumi Kota, sarta sakumna instansi katut lembaga anu aya kaitanana, kaasup pangrojong ti sakumna lapisan warga masarakat, hususna dina nata lalu lintas jeung transportasi di Kota Sukabumi.
Tah kuayana éta hal téh, Walikota Sukabumi ngahaturkeun nuhun katut layang pangajén anu saluhur-luhurna ka sakumna pihak, anu geus ngarojong sakaligus nata lalu lintas jeung transportasi di Kota Sukabumi, anu pamustunganana Kota Sukabumi hasil meunang deui Piala WTN Taun 2016, atawa pikeun anu ka 16 kalina. Disagigireun ti éta, Walikota Sukabumi ngaharepkeun, éta hal téh sangkan salawasna dipertahankeun sakaligus dironjatkeun jeung dimekarkeun ku sakumna pihak, malah mandar lalu lintas jeung transportasi di Kota Sukabumi, bisa leuwih hadé deui ti taun-taun saméméhna.