POLRES SUKABUMI KOTA GEUS NYALAGARAKEUN SILATURAHMI KAMTIBMAS

Reporter : ENDANG SUMARDI

Polres Sukabumi Kota geus nyalagarakeun Silaturahmi Kamtibmas (Kaamanan jeung Katartiban Masarakat), jeung para Ketua DKM (Déwan Kamamuran Masjid) katut Merebot sarta Dai Kamtibmas sa wilayah hukum Polres Sukabumi Kota, cindekna tanggal 8 Maret 2018, di Rohangan Rékonfu Polres Sukabumi Kota. Hadir dina kasempetan éta, Wali Kota Sukabumi, H. Mohamad Muraz, S.H., M.M., Unsur FKPD (Forum Komunikasi Pingpinan Daérah) Kota Sukabumi, para Kapala OPD (Organisasi Parangkat Daérah) jeung instansi nu aya kaitannana, sarta para tamu ondangan lianna.

Dina kasempetan éta, Wali Kota Sukabumi kalayan asmana pribadi sarta Kapala Daérah katut pamaréntah jeung warga masarakat Kota Sukabumi, kacida ngabagéakeunnana ku dilaksanakeunnana éta kagiatan téh, lantaran ilubiungna para Ketua DKM katut Merebot sarta Dai téh kacida dibutuhkeunnana, hususna nu aya kaitannana jeung usaha sarta tarékah dina ngungkulan hoax atawa béwara bohong, anu anyar-anyar ieu remen muncul jeung nyebar di masarakat ngaliwatan Médsos (Média Sosial), sarta kacida ngagangguna kana Kamtibmas. Tah kusabab kitu, Wali Kota Sukabumi ngajak ka sakumna pihak kaasup ka para Ketua DKM katut Merebot sarta Dai Kamtibmas sa wilayah hukum Polres Sukabumi Kota, pikeun babarengan ngabantu réngréngan kapulisian, hususna dina usaha ngungkulan jeung méré pamahaman ngeunaan hoax ka sakumna lapisan warga masarakat, sangkan éta béwara téh bisa disinglar jeung teu nyebar, sabab kacida ngagangguna kana Kamtibmas jeung ngageunjleungkeun warga masarakat.

Sedengkeun Kapolres Sukabumi Kota, AKBP Susatyo Purnomo Condro, S.H., S.I.K., M.Si., ngajak ka para pangurus DKM katut Merebot sarta Dai Kamtimas di wilayah hukum Polres Sukabumi Kota pikeun diuk babarengan, hususna dina nyikepan hoax anu remen nyerang para ulama, sarta teu kapangaruhan ku éta béwara. Salian ti éta, para imam, hotib, dai jeung mubaligh, sangkan salawasna ngajadikeun mimbar masjid sabagé média nepikeun dawah anu tiis dingin paripurna sarta nolak paham radikalismeu.

Saterusna Pupuhu Panata Calagara, AKP Ědi Priyono ngajelaskeun, Silaturahmi Kamtibmas anu diiluan ku 100 urang Ketua DKM katut Merebot sarta Dai Kamtibmas sa wilayah hukum Polres Sukabumi Kota téh, dina raraga usaha ngaronjatkeun kasadaran warga masarakat kana Kamtibmas, pikeun ngungkulan panyebaran hoax, radikalismeu jeung terorismeu di wilayah Hukum Polres Sukabumi Kota. Lian ti éta, ogé dina raraga usaha nindak laju déklarasi babarengan antara Ketua DKM katut Merebot sarta Dai Kamtibnas sa Polda Jabar, cindekna tanggal 1 Maret 2018, pikeun nyaruakeun persépsi panggunaan tempat ibadah sabagé syiar jeung simbul ngahijina bangsa.