
Reporter / Redaktur : ENDANG SUMARDI
Rapat Paripurna Istiméwa DPRD Kota Sukabumi dina raraga miéling jeung milang kala Poé Jadi Ka 104 Taun Kota Sukabumi, dilaksanakeun poé Minggu beurang, 1 April 2018, di Rohangan Rapat Paripurna DPRD Kota Sukabumi, dipingpin ku Ais Pangaping DPRD Kota Sukabumi, Yunus Suhandi, S.IP. Sedengkeun susunan éta rapat téh, nya éta kahiji Ngahaleuangkeun Lagu Indonésia Raya, kadua Bubuka, katilu Biantara Inohong Pamuda Kota Sukabumi, ditepikeun ku Ketua DPD KNPI Kota Sukabumi, Méllan Maulana, kaopat Biantara Inohong Masarakat Kota Sukabumi ku dr. Satia Gumbira, kalima Pamacaan Sajarah Singget Kota Sukabumi ku 2 palajar SMA Negri 3 Kota Sukabumi, Mohamad Hilal jeung Anneke Zéhan, kagenep Biantara Wali Kota Sukabumi, H. Mohamad Muraz, S.H., M.M., katujuh Biantara Gubernur Jawa Barat, Dr. H. Ahmad Héryawan, Lc., M.Si., kadalapan Ngahaleuangkeun Lagu Bagimu Negri, kasalapan Ngadua, dipimpin ku Imam Besar Masjid Agung Kota Sukabumi, K.H. Gozali Sanusi, jeung kasapuluh Pamungkas.
Hadir dina kasempetan éta, Ais Pangampih DPRD Propinsi Jawa Barat, para pangagung ti Pamaréntah Propinsi Jawa Barat katut BKPP (Badan Koordinasi Pamaréntahan jeung Pangwangunan) Wilayah I Propinsi Jawa Barat, para Pingpinan katut Anggahota DPRD Kota jeung Kabupatén sa Jawa Barat, Kapala Setukpa Lemdiklat Polri Sukabumi, unsur FKPD (Forum Koordinasi Pingpinan Daérah) Kota Sukabumi jeung Kabupatén Sukabumi, PLT (Palaksana Tugas) Sekertaris Daérah Kota Sukabumi, para Sekertaris DPRD Kota jeung Kabupatén sa Jawa Barat, Ketua TP PKK Kota Sukabumi katut Ketua DWP Kota Sukabumi.
Saterusna para Asistén Daérah Setda Kota Sukabumi, para Kapala OPD (Organisasi Parangkat Daérah) jeung Instansi Vértikal, para Pingpinan BUMN jeung BUMD, sarta para Camat jeung Lurah. Salajuna para mantén Wali Kota katut Wakil Wali Kota Sukabumi, para Inohong Pajoang, Alim Ulama, Inohong Masarakat, Pingpinan Organisasi Sosial, Pulitik, Kamasarakatan, Pamuda jeung Wanoja, sarta para tamu ondangan liana, maraké raksukan adat Sunda, nya éta lalaki maké Iket, Baju Kamprét jeung Calana Pangsi, sarta wanoja maké Baju Kabaya jeung Samping Kebat.
Dina kasempetan éta, Ais Pangampih DPRD Kota Sukabumi, Yunus Suhandi, S.IP. ngajelaskeun, milang kala poé jadi hiji wewengkon, lain ngan saukur pikeun dipieling wungkul, tapi kudu dijadikeun wahana pikeun ngaji diri kalawan teleb, nya éta naon waé anu geus dipilampah bari nyarungsum naon waé anu perlu kénéh dihanca, malar jadi bekel dina nyarungsum pagawéan ka hareupna. Tah kulantaran kitu, Milang Kala Poé Jadi Kota Sukabumi ogé kudu dijadikeun angkeuhan, pikeun leuwih mageuhan beungkeutan tatali batin, antara Pamaréntah Puseur, Pamaréntah Propinsi, Pamaréntah Daérah, DPRD, Forum Koodinasi Pingpinan Daérah, katut sakumna warga masarakat Kota Sukabumi.
Salajuna dijelaskeun, kiwari geus réa udagan anu geus hasil dihontal sarta jadi kagumbiraan jeung kareueus sakumna pihak. Ěta udagan téh ngarupakeun hasil gawé bareng sakumna pihak. Tah ku kituna, Ais Pangampih DPRD Kota Sukabumi cumeluk sakaligus meredih ka sakumna pihak, sangkan sagala rupa udagan anu geus hasil dihontal téh salawasna dirumat jeung diteruskeun, supaya bisa ngaronjat jeung leuwih hadé deui. Ěta hal téh luyu jeung téma Milang Kala Ka 104 Taun Poé Jadi Kota Sukabumi Taun 2018, nya éta Hayu Urang Tingkatkeun Solidaritas jeung Soliditas Pikeun Ngawujudkeun Kota Sukabumi anu Reugreug Pageuh Répéh Rapih.