BAPENDA PROPINSI JAWA BARAT NYALAGARAKEUN DEUI PROGRAM BÉBAS BBNKB KA 2 SARTA DENDA PKB

Reporter / Redaktur : ENDANG SUMARDI

Kapala BPKD (Badan Pangalolaan Kauangan Daérah) Kota Sukabumi, Drs. H. Dida Sembada, M.M., dibarengan ku Kapala Widang Panagihan Pajeg jeung Lain Pajeg BPKD Kota Sukabumi, H. Unang Djunaédi Djuminta, S.Ě. nandeskeun, Bapenda (Badan Pandapatan Daérah) Propinsi Jawa Barat gawé bareng jeung BPKD Kota Sukabumi, nyalagarakeun deui Program Bébas BBNKB (Béa Balik Ngaran Kandaraan Bermotor) Ka 2 jeung saterusna sarta Denda Katelatan Mayar PKB (Pajeg Kandaraan Bermotor), boh roda 2 boh roda 4, kecuali pikeun Kandaraan Anyar. Ěta program téh dilaksanakeun salila 2 bulan, cindek ti tanggal 1 Juli 2018 nepi ka tanggal 31 Agustus 2018.

Tah ku lantaran kitu, pikeun warga masarakat anu baroga kandaraan hususna di Kota Sukabumi umumna di Jawa Barat anu rék ngalaksanakeun Balik Ngaran Kandaraan Ka 2 jeung saterusna sarta Mayar PKB, bisa ngamangpaatkeun éta program. Salajuna ditandeskeun, éta program téh dilaksanakeun dumasar kana Kaputusan Gubernur Jawa Barat Nomer 973/147-Bapenda, Ngeunan Méré Pangbébasan Poko jeung Sangsi Administratif mangrupa Denda BBNKB kana Panyerahan Ka 2 jeung saterusna sarta Pangbébasan Sangsi Administratif mangrupa Denda Mayar PKB.

Anapon pasaratan pikeun Balik Ngaran Kandaraan jeung Mayar PKB téh, anu boga kandaraan kudu mawa KTP, BPKB (Buku Pamilik Kandaraan Bermotor) sarta STNK (Surat Tanda Nomer Kandaraan) Asli jeung poto kopina. Sedengkeun pikeun Mayar PKB 5 Taunan, kudu mawa Bukti Hasil Pamariksaan atawa Cék Fisik Kandaraan. Saterusna Tempat Pikeun Mayar PKB bisa dilaksanakeun di Kantor Bersama Samsat (Sistim Administrasi Manunggal Satu Atap), Samsat Keliling, Samsat Géndong, Samsat Outlét, Samsat KCP Bank BJB, Samsat Drive Thru jeung Samsat Corner, sarta Ě-Samsat ATM Bank BJB, BCA, BNI, BRI, Bank Permata jeung Bank CIMB Niaga.

Leuwih jauh Kapala BPKD Kota Sukabumi nandeskeun, maksud jeung tujuan dilaksanakeunnana éta program téh, salian pikeun ngahampangkeun kabeurat anu baroga kandaraan anu rék ngalaksanakeun Balik Ngaran Kandaraan Ka 2 jeung saterusna sarta Mayar PKB, ogé pikeun ngaronjatkeun PAD (Pandapatan Asli Daérah) Propinsi Jawa Barat tina Séktor Pajeg Kandaraan sabagé panyumbang pang badagna PAD di Jawa Barat. Sedengkeun PAD Propinsi Jawa Barat tina Séktor Pajeg Kandaraan dina taun 2018 ieu, ditargétkeun gedéna Rp. 750 miliar.

Leave a Reply