
Reporter / Redaktur : ENDANG SUMARDI
Ketua Panwaslu (Panitia Pangawas Pamilu) Kota Sukabumi, Muhammad Aminnudin, meredih ka sakumna Parpol (Partéy Politik) di Kota Sukabumi, sangkan teu nyalonkeun kader anu pernah kalibet koropsi, dina Pileg (Pamilihan Legislatif) Taun 2019 nu bakal datang. Komo deui sakumna Parpol di Indonésia geus nanda tangan fakta integritas, hususna nu aya kaitannana jeung mantén napi koruptor, bandar narkoba, téroris jeung kajahatan séksual. Ěta pameredih téh ditepikeun, nya éta ku geus dibukana pangdaptaran Bacaleg (Bakal Calon Legislatif) ku KPU (Komisi Pamilihan Umum) Kota Sukabumi, cindekna ti tanggal 4 nepi ka 17 Juli 2018.
Saterusna dijelaskeun, panandatanganan fakta integritas anu dilaksanakeun ku sakumna Parpol di Indonésia téh, ngarupakeun sala sahiji harepan parlemén, sangkan teu dieusi ku jalma anu ngabogaan masalah, hususna mantén napi koruptor, bandar narkoba, téroris jeung kajahatan séksual. Lian ti éta ogé dijelaskeun, Panwaslu Kota Sukabumi baris salawasna usaha satékah polah ngalaksanakeun pancén paniténan jeung panalingaan, boh dina mapag boh dina palaksanaan Pileg Taun 2019 nu bakal datang. Disagigireun ti éta, Panwaslu Kota Sukabumi ogé arék muka palaporan jeung pangaduan palanggaran Pileg Taun 2019 sacara online. Maksud jeung tujuannana, salian ti luyu jeung kamekaran téknologi jeung informasi danget ieu, ogé pikeun ngagancangkeun palaporan jeung pangaduan palanggaran dina palaksanaan Pileg Taun 2019. Disagédéngeun ti éta, ogé pikeun ngadongkrak sakaligus ngaronjatkeun ilu biung warga masarakat, dina ngalaksanakeun paniténan jeung panalingaan sarta palaporan jeung pangaduan palanggaran dina palaksanaan éta Pileg. Sabab dumasar kana pangalaman dina taun-taun saméméhna, tingkat ilu biung warga masarakat dina ngalaksanakeun paniténan jeung panalingaan sarta palaporan jeung pangaduan palanggaran dina palaksanaan Pileg masih kénéh handap.
Tah ku lantaran kitu, Ketua Panwaslu Kota Sukabumi cumeluk ka sakumna lapisan warga masarakat Kota Sukabumi, saupamana nempo atawa nyaho aya indikasi palanggaran dina palaksanaan éta Pileg, bisa langsung dilaporkeun atawa diadukeun ka Panwaslu Kota Sukabumi, boh sacara online boh sacara langsung, pikeun sagancangna ditindaklaju jeung diungkulan sacara optimal, luyu jeung katangtuan aturan katut undang-undang anu ditetepkeun. Ketua Panwaslu Kota Sukabumi ngaharepkeun, ku dibukana palaporan jeung pangaduan palanggaran dina palaksanaan éta Pileg téh, bisa jadi solusi atawa jalan kaluar anu hadé, dina ngalaksanakeun paniténan jeung panalingaan sarta palaporan jeung pangaduan palanggaran dina palaksanaan éta Pileg, sabab dilaksanakeun ku sakumna pihak, nya éta ku Patugas Panwaslu Kota Sukabumi, Aparat OPD (Organisasi Parangkat Daérah) katut instansi nu aya kaitannana jeung warga masarakat.