JDIH BAGIAN HUKUM SETDA KOTA SUKABUMI GEUS DIAJÉN KU TIM PANGAJÉN LOMBA JDIH TINGKAT PROPINSI JAWA BARAT TAUN 2018

Reporter :  ARIF HIDAYAT

Redaktur : ENDANG SUMARDI

JDIH (Jaringan Dokuméntasi jeung Informasi Hukum) Bagian Hukum Setda Kota Sukabumi, geus diajén ku Tim Pangajén Lomba JDIH Tingkat Propinsi Jawa Barat Taun 2018, cindekna tanggal 5 Séptémber 2018. Anapon kadatangan éta Tim Pangajén téh, dibagéakeun sakaligus ditarima sacara resmi ku Panjabat Sekertaris Daérah Kota Sukabumi, Drs. H. Saléh Makbullah, M.Si., di Rohangan Utama Balé Kota Sukabumi. Sedengkeun anu hadir dina kasempetan éta, para Asistén Daérah Setda Kota Sukabumi, para Kapala OPD (Organisasi Parangkat Daérah) jeung instansi nu aya kaitannna, para Camat jeung Lurah, sarta para tamu ondangan lianna.

Dina biantarana, Panjabat Sekertaris Daérah Kota Sukabumi, kalayan asmana Kapala Daérah katut Pamaréntah Kota Sukabumi, ngawilujengkeun sumping sakaligus neda dihampura anu sagedé-gedéna, saupama dina ngabagéakeun jeung narima Tim Pangajén Lomba JDIH Tingkat Propinsi Jawa Barat Taun 2018 ieu téh, réa kakurangannana jeung réa hal anu kurang nyugemakeun.

Salajuna dijelaskeun, JDIH Bagian Hukum Setda Kota Sukabumi téh, pernah ngalaman kajayaan jeung kaemasan, nya éta jadi Juara Tingkat Nasional, cindekna dina taun 1997 nu geus kalarung. Lian ti éta ogé dijelaskeun, ku jadi Juara Tingkat Nasional téh, JDIH Bagian Hukum Setda Kota Sukabumi terus dironjatkeun jeung dimekarkeun, luyu jeung kamekaran jaman, sarta dina taun 2004 nu geus kaliwat, ieu JDIH téh dironjatkeun jeung dimekarkeun deui ngaliwatan digitalisasi, nya éta ngaliwatan Website. Disagigireun ti éta, sakumna Anggota JDIH Bagian Hukum Setda Kota Sukabumi ogé terus dibina, dironjatkeun jeung dimekarkeun, diantarana ku ngaliwatan sosialisasi jeung panyuluhan, hususna ngeunaan rupa-rupa produk hukum daérah anu diterbitkeun jeung ditetepkeun.

Panjabat Sekertaris Daérah Kota Sukabumi ngaharepkeun, ku ayana pangajénan kana JDIH Bagian Hukum Setda Kota Sukabumi ku Tim Pangajén Lomba JDIH Tingkat Propinsi Jawa Barat Taun 2018 ieu téh, bisa ngajamin kana ngaronjatna Pangalolaan JDIH anu hadé jeung padu, sarta kaintegrasi jeung sakumna OPD katut instansi nu aya kaitanana, kaasup jeung sakumna Kacamatan katut Kalurahan sa Kota Sukabumi, sarta jeung institusi lianna.

Sedengkeun Ketua Tim Pangajén Lomba JDIH Tingkat Propinsi Jawa Barat Taun 2018, Déni Wahyudi, S.H.. M,H, ngajelaskeun, hasilna hiji instansi pangalola dokuméntasi jeung informasi hukum dina ngalaksanakeun tugas jeung kawajibanana téh, bisa ditempo tina rupa-rupa usaha anu dilaksanakeun, hususna dina usaha ngagampangkeun jeung ngaronjatkeun pagawéan, pikeun ngaronjatkeun palayanan ka warga masarakat ka nu leuwih hadé deui. Saterusna dijelaskeun, kamajuan téhnologi jeung informasi anu kacida cepetna, ngabogaan daya tarik pikeun warga masarakat, hususna pikeun para pangalola dokumentasi jeung informasi hukum, pikeun ngalaksanakeun otomasi sacara sagemblengna.

Leave a Reply