SAKUMNA LAPISAN MASARAKAT SANGKAN BABARENGAN NGAWANGUN KOTA SUKABUMI

Reporter / Redaktur : ENDANG SUMARDI

Wali Kota Sukabumi, H. Achmad Fahmi, cumeluk sakaligus meredih ka sakumna lapisan masarakat Kota Sukabumi, sangkan babarengan ngawangun Kota Sukabumi ka nu leuwih hadé deui. Tah ku sabab kitu, Wali Kota katut Wakil Wali Kota Sukabumi baris salawasna ngalaksanakeun kolaborasi jeung sakumna lapisan masarakat Kota Sukabumi, sarta diharepkeun bisa ilu biung sacara aktif ngawangun Kota Sukabumi dina sagala widang.

Salajuna ditandeskeun, jadi Wali Kota katut Wakil Wali Kota Sukabumi téh, sagemblengna jadi milik masarakat Kota Sukabumi, lain ukur milik sala sahiji partéy pulitik tinangtu. Tah ku éta hal téh, Wali Kota katut Wakil Wali Kota Sukabumi baris salawasna usaha satékah polah ngaleupaskeun kapentingan pribadi, kelompok jeung golongan dina ngawangun Kota Sukabumi, tapi baris salawasna dipuseurkeun kana kapentingan umum jeung masarakat Kota Sukabumi.

Disagigireun ti éta, Wali Kota Sukabumi oge cumeluk ka sakumna lapisan masarakat Kota Sukabumi, sangkan babarengan ngaleupaskeun kapentingan tina dikotomi aspirasi pulitik anu sempet béda-béda dina mangsa mapag jeung palaksanaan Pilkada (Pamilihan Kapala Daérah) Bareng Taun 2018 anu geus kaliwat, nya éta ku cara usaha satékah polah ngaronjatkeun kadéwasaan jeung pamahaman démokrasi, sarta ngahiji sacara padu saperti cara jeung dulur jeung sasama masarakat dina ngawangun Kota Sukabumi.

Salajuna ka sakumna PNS atawa ASN (Aparatur Sipil Nagara) salaku aparatur di lingkungan Pamaréntah Kota Sukabumi, Wali Kota Sukabumi cumeluk sangkan ngalempengkeun niat jeung nguatkeun komitmen dina ngawujudkeun  3 hal utama. Nya éta anu kahiji aparatur téh kudu hadir pikeun ngajak, sangkan masarakat salawasna tunduk jeung patuh kana paréntah Alloh SWT, lantartan éta hal téh ngarupakeun pondasi awal kabarokahan dina kahirupan masarakat. Satuluyna anu kadua, aparatur téh kudu mampuh ngawujudkeun kaamanan jeung katartiban masarakat, sarta méré katuladanan anu hadé pikeun masarakat, jeung anu katilu, aparatur téh kudu bisa ngawujudkeun kasajahtraan masarakat, utamana dina nyalagarakeun palayanan dasar anu didadasaran ku haté anu ihlas, sarta salawasna babarengan, sauyunan, kompak jeung gawé rancagé.

Tah ku lantaran kitu, Wali Kota Sukabumi meredih ka sakumna aparatur di lingkungan Pamaréntah Kota Sukabumi, sangkan babarengan usaha sakuat tanaga ngawangun Kota Sukabumi, sarta méré jeung ngaronjatkeun palayanan anu hadé ka masarakat dina sagala widang, sakaligus ngawujudkeun Kota Sukabumi anu Réligius, Ayem jeung Sajahtra.

Leave a Reply