
Reporter / Redaktur : ENDANG SUMARDI
JDIH (Jaringan Dokuméntasi jeung Informasi Hukum) Bagian Hukum Setda Kota Sukabumi, nyangking gelar juara kahiji pang hadéna sa Jawa Barat, sarta meunang JDIH Award Taun 2018. Sedengkeun juara kadua JDIH Bagian Hukum Setda Kabupatén Bandung, juara katilu JDIH Bagian Hukum Setda Kota Bandung, jeung juara kaopat JDIH Bagian Hukum Setda Kota Cirebon.
Ěta layang pangajén téh dipasrahkeun ku Mentri Hukum jeung HAM (Hak Asasi Manusa) RI, Yasonna H. Laoly, dibarengan ku Gubernur Jawa Barat, Ridwan Kamil. ka Asistén Pamaréntahan Setda Kota Sukabumi, Drs. H. Andri Setiawan, M.M., dna acara ngaresmikeun 147 désa jeung kalurahan sadar hukum, sarta Pangukuhan Forum Palajar Sadar Hukum jeung HAM sakaligus Ngabenum Duta Palajar Sadar Hukum jeung HAM, cindekna tanggal 25 Oktober 2018, di Aula Gedong Saté Bandung.
Wali Kota Sukabumi, H. Achmad Fahmi, ngucap sukur jeung ngahaturkeun nuhun ku dicangkingna éta layang pangajén téh, lantaran bisa nebarkeun wawangi ngaran Kota Sukabumi di Jawa Barat. Salajuna dijelaskeun, éta layang pangajén téh ngarupakeun hasil gawé rancagé sakumna pagawé Bagian Hukum Setda Kota Sukabumi jeung OPD (Organisasi Parangkat Daérah) katut lembaga nu aya kaitannana. Lian ti éta ogé dijelaskeun, JDIH téh ngarupakeun sala sahiji bentuk palayanan anu dilaksanakeun ku Pamaréntah Kota Sukabumi ngaliwatan Bagian Hukum Setda Kota Sukabumi ka masarakat, hususna nu ngabutuhkeun rupa-rupa dokuméntasi jeung informasi produk hukum di Kota Sukabumi sacara gancang jeung gampang.
Sedengkeun Asistén Pamaréntahan Setda Kota Sukabumi, Drs. H. Andri Setiawan, M.M. ngajelasakeun, tina 13 Kota jeung Kabupatén sa Jawa Barat nu asup nominasi dina pangaloaan JDIH, Bagian Hukum Setda Kota Sukabumi meunang layang pangajén kahiji pang hadéna. Saterusna dijelaskeun, éta layang pangajén téh ngarupakeun sala sahiji motivasi pikeun Pamaréntah Kota Sukabumi hususna Bagian Hukum Setda Kota Sukabumi, pikeun salawasna ngalaksanakeun inovasi dina méré palayanan dokuméntasi jeung informasi produk hukum di Kota Sukabumi ka masarakat.
Salian ti éta ogé dijelaskeun, JDIH Bagian Hukum Setda Kota Sukabumi téh méré tilu jenis pelayanan dokuméntasi jeung informasi hukum Kota Sukabumi ka masarakat, nya éta ti mimiti perpustakaan anu dilengkepan ku rohangan baca, sarta kaarsipan jeung palayanan digital dina bentuk aplikasi. Leuwih jauh dijelaskeun, ku ngaliwatan tilu jenis palayanan dokuméntasi jeung informasi hukum téh, masarakat bisa apal kana rupa-rupa dokuméntasi jeung informasi hukum di Kota Sukabumi, sarta baris leuwih deukeut jeung pamaréntah ogé bisa apal kana hak jeung kawawjibannana. Asistén Pamaréntahan Setda Kota Sukabumi ngaharepkeun, Pangalolaan JDIH Bagian Hukum Setda Kota Sukabumi téh sangkan salawasna dironjatkeun jeung dimekarkeun ngaliwatan rupa-rupa inovasi, malar JDIH Bagian Hukum Setda Kota Sukabumi téh aya jeung gedé mangpaatna pikeun balaréa.