
Reporter/Redaktur/Editor : ENDANG SUMARDI
Dines Tanaga Kerja Kota Sukabumi, baris usaha satékah polah nalingakeun satiap pausahaan nu aya di Kota Sukabumi, ngeunaan panetepan UMK (Upah Minimum Kota) Taun 2019 ku Gubernur Jawa Barat, nya éta gedéna Rp. 2.331.752,00. Tapi nurutkeun PLT (Palaksana Tugas) Kapala Dines Tanaga Kerja Kota Sukabumi, Dra. Hajah Iyan Damayanti, M.Si., nepi ka danget ieu can aya pausahaan di Kota Sukabumi anu ngajukeun panangguhan kana éta UMK. Tah ku sabab kitu, PLT Kapala Dines Tanaga Kerja Kota Sukabumi ngabogaan anggapan, yén sakumna pausahaan di Kota Sukabumi anu jumlahna ngahontal 520 pausahaan téh nyaluyuan jeung nyatujuan kana panetepan éta UMK.
Ngan parandéné kitu, pihakna baris tetep nalingakeun satiap pausahaan nu aya di Kota Sukabumi, pikeun ngaantisipasi ayana pausahaan anu teu patuh jeung taat kana panetepan éta UMK. Tah ku lantaran kitu, PLT Kapala Dines Tanaga Kerja Kota Sukabumi meredih ka sakumna pausahaan nu aya di Kota Sukabumi, sangkan mayar UMK ka para karyawanna, luyu jeung SK (Surat Kaputusan) Gubernur Jawa Barat ngeunaan Panetepan UMK Taun 2019, nya éta gedéna Rp. 2.331.752,00.
Saterusna ditandeskeun, saupama aya pausahaan di Kota Sukabumi anu teu patuh jeung taat kana panetepan éta UMK, pihakna moal segen-segen nindak sacara tegas jeung nibankeun sangsi, luyu jeung katangtuan aturan katut undang-undang anu ditetepkeun. Salian ti éta, PLT Kapala Dines Tanaga Kerja Kota Sukabumi meredih ka sakumna karyawan pausahaan di Kota Sukabumi, saupama pausahaannana teu mayar upah luyu jeung UMK anu geus ditetepkeun, sangkan sagancangna dilaporkeun ka Badan Pangawas Katanagakerjaan ngaliwatan Sarikat Buruh Kota Sukabumi, atawa datang langsung ka Dines Tanaga Kerja Kota Sukabumi, pikeun ditindaklaju dina bentuk médiasi jeung pausahaannana, supaya bisa nyumponan kawajibannana ka para karyawanna.
PLT Kapala Dines Tanaga Kerja Kota Sukabumi ngungkabkeun, pihakna salawasna ngalaksanakeun médiasi jeung pausahaan hususna nu aya kaitannana jeung pangaduan ti karyawan ka pausahaannana, diantarana ngeunaan PHK (Pamutusan Hubungan Kerja) sacara sapihak ku pausahaan atawa ngeunaan kasajahtraan ka para karyawanna. Salajuna diungkabkeun, dina saban bulanna aya 2 nepi ka 5 pausahaan anu diadukeun ku karyawanna, utamana ngeunaan PHK sacara sapihak ku pausahaan, atawa ngeunaan kasajahtraan karyawan jeung nu séjénna.