SENI PAREBUT SĚĚNG TĚH SENI TRADISI ASLI SUKABUMI

Ku : ENDANG SUMARDI

Seni Parebut Sééng téh seni tradisi asli Sukabumi, nu hirup jeung jaya puluhan taun kalarung. Ěta seni téh asup kana jenis seni sérémonial, nya éta bagian tina seni upacara adat seserahan calon pangantén lalaki. Sakumaha anu geus jadi kabiasaan atawa tradisi hususna di tatar Jawa Barat, saméméhna kadua pangantén dirahpalan téh sok diayakeun heula upacara adat seserahan, anu eusi jeung tujuanana nya éta masrahkeun calon pangantén lalaki jeung barang-barang babawaanana anu digotong dina dongdang, saperti pakéan pangantén awéwé, saparangkat tempat saré, bubuahan, rupa-rupa kuéh, béas, sayuran, domba, suluh jeung sajabana.

Tah saméméh calon pangantén lalaki jeung barang-barang babawaanana dipasrahkeun ka pihak calon pangantén awéwé téh, dina acara puncakna sok diayakeun adegan parebut sééng anu dilambangkeun ku gerak-gerak tari gagahan atawa penca ti pihak calon pangantén lalaki jeung awéwé.

Mun sééng anu digandong ku wakil ti pihak calon pangantén lalaki geus karebut ku wakil ti pihak calon pangantén awéwé anu kanyataanana ngan ukur ditepak, hartina sééng jeung calon pangantén lalaki kaasup barang-barang babawaanana geus jadi milik calon pangantén awéwé.

Sééng atawa dandang téh ngalambangkeun lalaki. Dina upacara adat seserahan kudu ngaliwatan heula prosés direbut ku wakil ti pihak calon pangantén awéwé. Tah ieu téh ngandung harti, yén saurang wanoja atawa parawan anu dilambangkeun ku hawu atawa tungku, dina waktuna ngawangun rumah tangga téh kudu geus ngabogaan modal kakuatan lahir jeung batin. Sabab hawu atawa tungku téh salawasna kudu kuat nahan sééng atawa dandang.

Sedengkeun harti séjén tina sééng nya éta lambang kakayaan. Sabab sééng téh utamana sééng tambaga, salian dianggap aya kakuatan, ogé hargana kaasup mahal. Dina lebah dieu, saurang lalaki atawa jajaka anu umurna geus manjing pikeun ngawangun rumah tangga, kudu ngabogaan heula bekel hirup anu cukup. Cindekna mah kudu geus masagi dina saga widang jeung sagala aya.

Anapon jalanna upacara parebut sééng teh, nya éta sééng digandong ditalian ku lawon warna bodas ku salah saurang lalaki wakil ti pihak calon pangantén lalaki. Ěta lalaki nu ngagandong sééng téh leumpang gagah pangheulana, dituturkeun ku barisan nu ngagotong dongdang, nu nungtun domba, nu nanggung suluh jeung nu séjénna, pang tukangna nya éta rombongan seni Kendang Penca, mirig barisan upacara ku tepak golémpangan.

Tepi ka buruan imah calon pangantén awéwé, rombongan upacara téh eureun. Terus nu ngagandong sééng téh ngagorowok nangtang ka salah saurang wakil ti pihak calon pangantén awéwé bari hut-het menca kukurilingan ngayonan wakil ti pihak calon pangantén awéwé anu spontan narajang rék ngarebut sééng. Ari jurus-jurusna impropisasi ngalambangkeun nu keur perang tanding, dipirig ku padungdung ti rombongan kendang penca awor jeung sora nu éak-éakan nu surak , nya éta bobotoh ti dua pihak calon pangantén lalaki jeung awéwé.

Sanggeus sababaraha jurus penca atawa silat dikaluarkeun ti dua pihakannana, sééng direbut anu kanyataanana ngan ukur ditepak ku wakil ti pihak calon pangantén awéwé. Geus kitu mah ngan jep baé nu éak-éakan surak ti dua pihak calon pangantén alaki jeung awéwé téh jempé. Kitu deui tatabeuhannana ogé eureun sapada harita.

Saterusna lalaki nu ngagandong sééng téh nangtung ajeg bari nyarita ménta dihampura jeung narima éléh, dipungkas ku silih sembah jeung sasalaman, dibarengan ku ting corowokna bobotoh ti pihak calon pangantén awéwé ngabagéakeun bari nitah asup kajero imah calon pangantén awéwé.

Geus kitu mah sup baé rombongan calon pangantén lalaki téh arasup ka jero imah calon pangantén awéwé. Teu kaliwat barang-barang babawaan ti calon pangantén lalaki ogé harita kénéh dipasrahkeun ka calon pangantén awéwé dibarengan ku rasa suka jeung bungah ti dua pihakanana. Satuluyna éta dua calon pangantén lalaki jeung awéwé téh dirahpalan atawa dikawinkeun ku bapa atawa wali calon panganten awéwé, anu diluluguan atawa dipingpin ku lebé atawa naib.

Minangka wacana pamungkas ti nu nulis, naha éta Seni Parebut Sééng atawa seni tradisi asli Sukabumi anu hirup jeung jaya puluhan taun kalarung téh kiwari bisa dihudangkeun atawa dihirupkeun deui di masakat Sukabumi? Duka teuing?! Ngan pikeun ngajawab éta patanyaan téh, urang sanggakeun waé ka para ahlina, nya éta ka para seniman katut budayawan jeung OPD (Organisasi Parangkat Daérah) di Sukabumi nu aya kaitannana! Hatur rébu nuhun laksa keti kabingahan satuacanna! Cag!

Leave a Reply