POLRES SUKABUMI KOTA MÉRÉ SANTUNAN KA PARA KUSIR DÉLMAN JEUNG TUKANG BÉCA

Reporter/Redaktur/Editor : ENDANG SUMARDI

Polres Sukabumi Kota nyalagarakeun silaturahmi sakaligus méré santunan jeung vitamin katut pamariksaan kaséhatan haratis ka para kusir délman jeung tukang béca di Kota Sukabumi, cindekna di Lapangan Merdéka Kota Sukabumi anyar-anyar ieu. Kapolres Sukabumi Kota, AKBP Susatyo Purnomo Condro, S.H., S.I.K., M.Si. ngajelaskeun, éta kagiatan téh ngarupakeun sala sahiji bagian tina Program Sapa atawa Nanya Warga Polres Sukabumi Kota.

Ku lantaran itu, éta program téh dilaksanakeun sacara rutin. Ngan pikeun danget jeu mah, éta kagiatan téh sasarannana nya éta ka para kusir délman jeung tukang béca di Kota Sukabumi. Maksud jeung tujuannana, sangkan para kusir délman jeung tukang béca di Kota Sukabumi bisa ngajaga kaayaan wewengkon Kota Sukabumi anu kondusif, nya éta aman, tengtrem, ayem jeung rukun. Komo deui dina waktu anu moal lila deui baris dilaksanakeun Pamilu (Pamilihan Umum) Bareng Taun 2019, nya éta Pamilu Persidén sarta DPR RI, DPD RI, DPRD Provinsi, DPRD Kabupatén jeung DPRD Kota, cindekna tanggal 17 April 2019.

Salian ti éta, ogé sabagé bentuk pahatian jeung kapadulian Polres Sukabumi Kota, kana kaséhatan para kusir délman jeung tukang béca di Kota Sukabumi, ngaliwatan pamariksaan kaséhatan jeung méré vitamin haratis, supaya kaayaan fisik para kusir délman jeung tukang béca téh bisa kanyahoan sacara jelas. Kapolres Sukabumi Kota ngajelaskeun, pihakna ngarasa sedih jeung reueus nempo kasumangetan para kusir délman jeung tukang béca di Kota Sukabumi, anu salawasna usaha satékah polah ngajalankeun pancén gawéna di tengah-tengah kamekaran transportasi jeung éra modéren danget ieu.

Ngan parandéné kitu, para kusir délman jeung tukang béca téh masih tetep éksis nepi ka danget ieu. Padahal umur éta para kusir délman jeung tukang béca téh panta-panta, nya éta ti nu umur ngora nepi ka umur ampir satengah abad. Tapi éta para kusir délman jeung tukang béca téh tetep sumanget ngajalankeun pagawéannana, pikeun nganapakahan kulawargana. Disagigireun ti éta, Kapolres Sukabumi Kota ogé umajak ka para kusir délman jeung tukang béca, pikeun babarengan ngajaga jeung ngaronjatkeun Kamtibmas (Kaamanan jeung Katartiban Masarakat) sarta tartib patali marga di Kota Sukabumi, ku cara salawasna patuh jeung taat kana rupa-rupa aturan katut undang-undang anu ditetepkeun.

Leave a Reply