RPJMD KOTA SUKABUMI TAUN 2018-2023 GEUS DITETEPKEUN KU DPRD KOTA SUKABUMI

Reporter/Redaktur/Editor : ENDANG SUMARDI

RPJMD (Rancana Pangwangunan Jangka Manengah Daérah) Kota Sukabumi Taun 2018-2023, geus disaluyuan jeung ditetepkeun ku DPRD Kota Sukabumi, dina Rapat Paripurna anu lumangsung di Rohangan Rapat Paripurna DPRD Kota Sukabumi. Ěta RPJMD téh baris ditepikeun ka Gubernur Jawa Barat, pikeun diévaluasi jeung disaluyuan.

Sakumaha anu dijelaskeun ku Wali Kota Sukabumi, H. Achmad Fahmi, RPJMD Kota Sukabumi téh kacida penting jeung strategis, sabagé arah pangwangunan di Kota Sukabumi jeung padoman kinerja pikeun sakumna SKPD (Satuan Kerja Parangkat Daérah) di Kota Sukabumi. Salajuna dijelaskeun, sakumna fraksi nu aya di DPRD Kota Sukabumi, dina umumna nyaluyuan kana ieu RPJMD, ngan aya sababaraha kamandang nu kudu dipahatikeun.

Disagigireun ti éta ogé dijelaskeun, rupa-rupa dinamika jeung tahapan dina ngalaksanakeun prosés panyusunan RPJMD téh, dilaksanakeun ngaliwatan sumanget démokrasi, sinergitas jeung ngajungjung luhur ajén-inajén sabilulungan. Ieu RPJMD téh ngarupakeun dokumén pulitik, pikeun dijadikeun padoman ku satiap SKPD di Kota Sukabumi. Anapon ngeunaan pangesahan ieu RPJMD téh, masih kudu nungguan heula hasil évaluasi jeung panyaluyuan ti Gubernur Jawa Barat, pikeun salajuna disahkeun dina Rapat Paripurna DPRD Kota Sukabumi.

Lian ti éta ogé dijelaskeun, ieu RPJMD téh penting pisan, pikeun ngarahkeun satiap SKPD di Kota Sukabumi, dina ngalaksanakeun panyusunan Renstra (Rencana Strategis), sarta ngabogaan fungsi sabagé koridor jeung padoman parancanaan pangwangunan di Kota Sukabumi salila 5 taun ka hareup. Leuwih jauh dijelaskeun, ieu RPJMD téh ngarupakeun visi jeung misi Kapala Daérah, sarta rupa-rupa program prioritas Pamaréntah Kota Sukabumi jeung kapentingan lianna di Kota Sukabumi. Sedengkeun rupa-rupa program anu diprioritaskeun ku Pamaréntah Kota Sukabumi pikeun jangka waktu 5 taun ka hareup téh, diantarana ngeunaan atikan, kaséhatan jeung olahraga.

Wali Kota Sukabumi ngajéntrékeun, Pamaréntah Kota Sukabumi geus ngajalankeun jeung ngawujudkeun sajumlah program prioritas, sakumaha anu kacantum dina RPJMD Kota Sukabumi Taun 2018-2023. Diantarana panataan insfrastruktur, gerakan kabersihan jeung Jumsih (Jumaah Bersih), atikan karakter ngaliwatan gerakan ngaji magrib jeung nu séjénna. Saterusna dijéntrékeun, sangkan rupa-rupa éta program téh bisa lumangsung hadé jeung lancar, pihakna baris salawasna usaha satékah polah ngadorong jeung nalingakeun satiap SKPD di Kota Sukabumi, dina ngalaksanakeun sakaligus ngaronjatkeun jeung ngamekarkeun rupa-rupa éta program.

Leave a Reply