NGARAN SUKABUMI MIMITI DIGUNAKEUN DINA TAUN 1815

Reporter/Redaktur/Editor : ENDANG SUMARDI

Ngaran Sukabumi mimiti digunakeun dina taun 1815, anu saméméhna disebut Gunung Parang sarta Ibu Kotana Cikolé. Ěta ngaran téh diusulkeun ku para Kapala Daérah Bangsa Indonésia ka Pamaréntah Kumpeni, ngaliwatan sala saurang Administratur Bangsa Walanda di Sukabumi, Andriés De Wilde. Salajuna daérah Sukabumi ti taun 1815 nepi ka patengahan taun 1921, ngarupakeun sala sahiji Afdéling ti Kabupatén Cianjur, anu statusna Kabupatén Sukabumi, disagigireun Geméénte Sukabumi anu dibentuk dina tanggal 1 April 1914. Sedengkeun status Kota Sukabumi, sacara historis ngarupakeun kalajuan ti Geméénte Sukabumi, sok sanajan dina sababaraha hal aya pabédaan jeung sipat pamaréntahan dina umumna anu ngawasa di Indonésia dina mangsa-mangsa tinangtu dina pajalanan Sajarah Bangsa Indonésia.

Dina kamekarannana, Kota Sukabumi geus ngarandapan sababaraha parobahan ngaran jeung status pamaréntahan, ti mimiti dibentuknya Geméénte Sukabumi nepi ka ayeuna Kota Sukabumi. Sanggeus mekarna pakebunan-pakebunan di daérah Sukabumi, urang-urang Walanda daratang, anu panustrungannana réa bangsa Walanda di daérah Sukabumi. Saterusna dina taun 1914, Sukabumi dijadikeun Burgelijk Béstuur, anu dipingpin ku Burgemééster, anu maksud jeung tujuannana pikeun méré palayanan anu istiméwa ka bangsa Walanda.

Anapon panetepan éta status téh, Pamaréntah Hindia Walanda ngaluarkeun Staatsblad Nomer 310, anu dina Pasal 3 ayat 1 jeung ayat 2 dicantumkeun, kahiji katangtuan Pasal 66 ayat 1 Beglement ngeunaan kawijaksanaan Pamaréntah Hindia Walanda diterapkeun sabagian Karesidénan Priangan nya éta Ibu Kota Sukabumi, jeung kadua bagian ieu daérah téh disebut Geméénte Sukabumi, sarta dina mangsa dibentuk éta déwan anu disebut Déwan Geméénte Sukabumi, sakumaha anu kacantum dina Artikel Staatsblad Taun 1914 Nomer 310 disebutkeun, kahiji pikeun Geméénte Sukabumi dibentuk déwan anu disebut Déwan Geméénte Sukabumi, kadua réana éta Anggota Déwan téh 11 urang, anu ngawengku 8 urang Ěropah anu disaruakeun jeung urang Walanda, 2 urang Indonésia, jeung saurang Timur Asing, sarta katilu Kapala Pamaréntahan satingkat Afdéling Sukabumi nya éta ketua éta déwan.

Ěta déwan téh ditalingakeun ku Asistén Residén, anu dina waktu éta dumuk di gedong anu kiwari dijadikeun Kantor Palayanan Pajeg Pratama Sukabumi jeung Kantor ATR BPN (Agraria jeung Tata Rohang Badan Patanahan Nasional) Kabupatén Sukabumi, sedengkeun kantorna di gedong anu ayeuna dijadikeun Toko Sukabumi Oftikal. Ngan ti taun 1926, Geméénte Sukabumi téh dijadikeun Daérah Otonom, dumasar kana Staatsblad Hindia Walanda Nomer 371 Taun 1926, nya éta disebutkeun dina artikel 1 nepi ka 4, anu unina dina Pasal 1 Geméénte Sukabumi ditunjuk sebagé daérah pasakutuan anu merdéka, dumasar kana Pasal 121 Tata Nagara Hindia Walanda. Sedengkeun dina Pasal 2 disebutkeun, di Geméénte Sukabumi dibentuk déwan pikeun ngatur rumah tangga pasakutuan. Saterusna dina Pasal 3 disebutkeun, wates waktu tugas sacara berkala anu munggaran nya éta dina poé Salasa katilu bulan Agustus 1930, tanggal 3 Agustus 1930, jeung Pasal 4 disebutkeun, ti mimiti ditetepkeunnana éta undang-undang téh, Anggota Déwan Geméénte Sukabumi nepi ka wates waktu sacara berkala anu bakal datang.

Leave a Reply