KOTA SUKABUMI DINA UMUR 105 TAUN GEUS RÉA NGARANDAPAN PAROBAHAN

Reporter/Redaktur/Editor : ENDANG SUMARDI

Kota Sukabumi, dina umur 105 taun geus réa ngarandapan parobahan jeung kamajuan dina sagala widang. Sakumaha anu diungkabkeun ku Wali Kota Sukabumi, H. Achmad Fahmi, réana parobahan jeung kamajuan anu karandapan ku Kota Sukabumi téh, ngarupakeun buah karya anu terus-terusan ti satiap generasi jeung satiap pamingpin Kota Sukabumi anu datang jeung miang piligenti.

Lian ti éta, salila 105 tahun téh réa pajalanan anu geus diliwatan, boh mangrupa suka boh mangrupa duka. Ngan parandéné kitu, sakumna pihak tangtu ngabogaan kayakinan, yén saha waé nu mingpin Kota Sukabumi pasti salawasna ngabogaan niat anu hadé, pikeun ngamajukeun jeung ngamekarkeun  Kota Sukabumi dina rupa-rupa widang. Disagigireun ti éta ogé diungkabkeun, satiap pariodeu kapemingpinan salawasna ninggalkeun warisan ka generasi salajuna, supaya mampuh neruskeun rupa-rupa hal anu hadé jeung mampuh ngaronjatkeunnana. Lantaran satiap pariodeu kapamingpinan téh salawasna ninggalkeun kakurangan jeung kalemahan.

Saterusna diungkabkeun, salila 105 taun téh, Kota Sukabumi geus nempuh 3 éra pamaréntahan anu béda-béda, nya éta éra Pamaréntahan Kolonial Walanda, éra Pamaréntahan Kolonial Jepang, jeung éra Pamaréntahan Républik Indonésia. Ku kasang tukang pamaréntahan anu béda-béda téh, réa kajadian jeung pasualan anu patut dijadikeun bahan réfléksi jeung évaluasi pikeun dioméan jeung dironjatkeun, hususna dina pangalolaan pamaréntahan ka hareup.

Leuwih jauh diungkabkeun, tina catetan sajarah sakumna pihak tangtu apal, yén Kota Sukabumi téh diadegkeun ku Pamaréntah Kolonial Walanda, anu maksud jeung tujuan utamana pikeun méré palayanan ka para Pangusaha Walanda atawa Préanger Planters, anu dina mangsa éta réa nu muka rupa-rupa pakebonan di daérah Kabupatén Cianjur jeung Sukabumi.

Salajuna Wali Kota Sukabumi ngajelaskeun, tina karakter Kota Sukabumi nu ayem jeung pikabetaheun, ngaran Sukabumi ditetepkeun jeung diterapkeun, anu harti harpiahna nya éta suka bumén-bumén. Karakter jeung citra Kota Sukabumi anu asri, seger, ayem jeung pikabetaheun téh, ngarupakeun sala sahiji modal sosial nu kudu salawasna dipertahankeun ku pamaréntah daérah katut sakumna masarakat Kota Sukabumi, ngaliwatan pola pangwangunan anu salawasna ngahareupkeun kasaimbangan alam jeung kalestarian lingkungan.

Leave a Reply