TMMD KA 105 TAUN 2019 DILAKSANAKEUN DI KALURAHAN CIKUNDUL

Reporter : RATNA NURSEHA

Redaktur/Editor : ENDANG SUMARDI

TMMD (TNI Manunggal Membangun Désa) Ka 105 Taun 2019, dilaksanakeun di Kalurahan Cikundul, Kacamatan Lembursitu, Kota Sukabumi. Ěta kagiatan téh dibuka sacara resmi ku Wali Kota Sukabumi, H. Achmad Fahmi, anu ditangaraan ku upacara pangbukaan, cindekna tanggal 9 Juli 2019, di Lapangan Cikundul. Ěta upacara téh, sakaligus nangaraan dimimitiannana Program Bhakti TNI KB-Kes (Kulawarga Berencana) jeung Keséhatan Terpadu, anu ngangkat téma Babarengan jeung TMMD Ngawangun pikeun Ngaronjatkeun Kasajahtraan Masarakat.

Dina biantarana Wali Kota Sukabumi ngajelaskeun, TMMD Ka 105 téh dilaksanakeun di Kampung Tegal Panjang RW 02 Kalurahan Cikundul, anu sasarannana kagiatan pisik jeung non pisik. Anapon pikeun kagiatan pisik, diantarana neuasan jalan satapak anu panjangna 832 méter jeung lébarna 3 méter, ngawangun jambatan plat beton anu réana 2 jambatan, gotong royong jeung némbok panahan taneuh anu panjangna 47 méter jeung luhurna 2 méter.

Sedengkeun pikeun kagiatan non fisik, diantarana panyuluhan jeung palayanan KB, kaséhatan jeung narkoba, gawé bareng jeung BNK Sukabumi, sarta sosialisasi wawasan kabangsaan jeung administrasi kapadumukan. Saterusna dijelaskeun, kagiatan TMMD ieu téh, dimimitian ti tanggal 10 Juli nepi ka tanggal 8 Agustus 2019. Anapon waragad anu digunakeun dina kagiatan ieu téh, asalna tina APBD Pamaréntah Propinsi Jawa Barat, APBD Kota Sukabumi, jeung Hibah Masyarakat. Wali Kota Sukabumi ngaharepkeun, sakumna unsur bisa ilubiung kana kagiatan TMMD di Kota Sukabumi, boh ti unsur pamaréntah, TNI jeung Polri, boh ti unsur pangusaha, perbankan jeung masarakat, supaya bisa nguntun kaharmonisan dina raraga usaha ngawujudkeun Kota Sukabumi anu religieus, ayem jeung sajahtra.

Sedengkeun Komandan Korem 061 Suryakencana, Kolonél Inf. Novi Hélmy Prasetya ngajelaskeun, kagiatan TMMD téh ngarupakeun sala sahiji bentuk pamarataan pangwangunan di sakumna wewengkon, anu tujuannana pikeun ngaronjatkeun kasajahtraan jeung kamamuran rahayat. Lian ti éta, TMMD ogé sabagé bentuk silaturahmi jeung gotong royong pikeun ngahangkeutkeun pangwangunan dina sagala séktor.

Salajuna dijelaskeun, pamarataan pangwangunan téh lain ukur museur di kota wungkul, tapi kudu nepi ka wewengkon anu mencil. Lian ti éta, pamilihan lokasi TMMD ogé didasarkeun kana skala prioritas. Saterusna Komandan Korem 061 Suryakencana  ngaharepkeun, saupama ieu kagiatan TMMD téh geus réngsé, masarakat kudu bisa ngajaga jeung miara sagala rupa pasilitas anu geus dijieun. Malah saupama ngamungkinkeun mah kudu bisa dironjatkeun, malar sagala rupa pasilitas anu geus dijieun téh bisa leuwih hadé deui.

Leave a Reply