LANSIA DI KOTA SUKABUMI DIHAREPKEUN BISA MANDIRI, SAJAHTRA JEUNG NGABOGAAN MARTABAT

Reporter/Redaktur/Editor : ENDANG SUMARDI

Lansia (Lanjut Usia) di Kota Sukabumi diharepkeun bisa mandiri, sajahtra jeung ngabogaan martabat. Ěta harepan téh ditepikeun ku Wakil Wali Kota Sukabumi, H. Andri S. Hamami, S.H., M.H., basa ngahadiran runtuyan acara HLUN (Hari Lanjut Usia Nasional) Ka 23 Tingkat Kota Sukabumi Taun  2019, sawatara poé ka tukang, di Buruan Dines Kaséhatan Kota Sukabumi.

Saterusna dijelaskeun, éta hal téh sajalan jeung téma HLUN Ka 23, anu dipiéling dina tanggal 29 Méi 2019 jeung HLUI (Hari Lanjut Usia Internasional) tanggal 1 Oktober 2019, nya éta Lanjut Usia Mandiri, Sajahtra jeung Ngabogaan Martabat, katut sub témana diantarana ngawujudkeun lanjut usia anu mandiri, maju jeung sajahtra, sarta lanjut usia juara lahir batin. Salian ti éta ogé dijelaskeun, sakumna lansia nya éta kolot saréréa. Ku sabab kitu, sakumna lansia diharepkeun séhat jeung ngabogaan daya, sarta bisa nyiapkeun para nonoman, pikeun ngawujudkeun lansia séhat, aktip jeung ngabogaan martabat.

Sedengkeun maksud jeung tujuan dilaksanakeunnana HLUN téh, nya éta pikeun ngalembagakeun ajén inajén sosial masarakat jeung ngahargaan lansia. Sabab lansia téh ngarupakeun pamarsatu bangsa. Disagigireun ti éta, lansia di Kota Sukabumi bisa ngaronjatkeun gawé bareng lintas séktor jeung lintas generasi, boh unsur pamaréntah boh masarakat, dina usaha ngawujudkeun Kota Sukabumi santun lansia.

Wakil Wali Kota Sukabumi ogé ngajelaskeun, dilaksanakeunnana HLUN téh, ngarupakan momén pikeun leuwih nguatan komitmen jeung ngaronjatkeun sumanget, pikeun méré harti ka masarakat, hususna nu aya kaitannana jeung lansia. Pikeun ngawujudkeun éta hal téh, dibutuhkeun pahatian jeung rupa-rupa hal. Diantarana gawé bareng, boh jeung lintas program boh jeung lintas séktor, akademisi, kapala daérah, palaku usaha jeung organisasi masarakat.

Anapon palaksanaan HLUN taun ieu, dieusi ku rupa-rupa runtuyan kagiatan. Nya éta dina puncak acara dilaksanakeun palombaan anu ngalibetkeun para Lansia, Kader Posbindu, Puskesmas, Rumah Sakit jeung Institusi Pendidikan. Diantarana Lomba Cerdas Cermat anu diiluan ku sakumna Kader Posbindu ti satiap Puskesmas, lomba jeung panyuluhan anu diiluan ku para lansia, sabagé bentuk pangbardayaan lansia. Sailan ti éta ogé lomba yéI-yél, sarta lomba inovasi pikeun patugas kaséhatan Puskesmas jeung Rumah Sakit. Maksud jeung tujuannana, pikeun motrét sistim palayanan lansia di pasilitas kaséhatan. Salajuna Lomba Tumpeng, diiluan ku Puskesmas, Rumah Sakit jeung Institusi Pendidikan.

Leave a Reply